Barack Obama: Présidén Amérika Sarikat ka-44

Barack Hussein Obama II (ejaan Inggris: ; babar di Honolulu, Hawaii, 4 Agustus 1961; umur 61 taun) téh Presidén Amérika Serikat nu ayeuna ngajabat Presidén Amérika Serikat nu ka-44.

Barack ngajabat ti 20 Januari 2009 ngaganti Géorge Walker Bush. Saméméhna, Obama téh Sénator Junior ti nagara bagian Illinois, nu saterusna meunang dina Pemilu Presidén 2008 kaping 4 Nopémber 2008. Dina taun 2009, Obama kasinugrahan Pangajén Nobel Perdamaian ku sabab mromosikeun diplomasi internasional pikeun ngungkulan pasualan-pasualan internasional.

Barack Husein Obama II
Barack Obama: Présidén Amérika Sarikat ka-44
Présidén Amérika Sarikat ka-44
Masa jabatan
20 Januari 2009 – 20 Januari 2017
Wakil Presiden Joe Biden
Saméméhna George W. Bush
Sanggeusna Donald Trump
Katerangan lian
Gumelar 4 Agustus 1961 (1961-08-04) (yuswa 62)
Honolulu, Hawaii
Kabangsaan Amerika
Partéy pulitik Demokrat
Pameget/istri Michelle Obama

Obama téh katurunan Afrika-Amérika mimitu anu ngajabat Presidén Amérika Sarikat sabada saméméhna ogé jadi katurunan Afrika-Amérika munggaran anu dicalonkeun jadi presidén ku partéy pulitik gedé di Amérika.[1] Lulusan ti Universitas Columbia jeung Sakola Hukum Universitas Harvard; di kampusna, Obama nyekel kalungguhan jadi presidén Harvard Law Review. Obama digawé jadi koordinator masarakat jeung ngajabat jadi pangacara hak sipil saméméh jadi Senat Illinois tilu kali ti mimiti 1997 nepi ka 2004. Obama ngajar hukum konstitusional di Sakola Hukum Universitas Chicago ti mimiti 1992 nepi ka 2004. Sanggeus gagal meunangkeun korsi di Déwan Perwakilan AS taun 2000, manéhna ngumumkeun kampanyeuna minangka Sénat AS bulan Januari 2003. Sanggeus meunang dina bulan Maret 2004, Obama nepikeun biantarana dina Konvénsi Nasional Demokrat Juli 2004. Manéhna kapilih jadi Senat dina bulan Nopémber 2004, meunangkeun 70 persén sora.

Minangka anggota minoritas Demokrat dina Kongrés ka-109, manéhna mantuan nyieun undang-undang nu ngatur pakarang konvensional tur mromosikeun akuntabilitas publik dina ngagunakeun dana federal. manéhna ogé ngalakukeun perjalanan resmi ka Eropa Wetan, Timur Tengah, jeung Afrika. Dina Kongres ka-110, manéhna ngabantu nyusun UU kanggo lobi sareng kacurangan pemilihan, parobahan iklim, terorisme nuklir, sareng perawatan kanggo personel militer AS nu mulang. Obama ngumumkeun kampanye présidénna sasih Pébruari 2007, tuluy dicalonkeun dina Konvensi Nasional Demokrat 2008 jeung sénator Delaware, Joe Biden nu jadi pasangan kampanye. Dina tanggal 4 Nopémber 2008 Barack Obama sukses ngéléhkeun musuhna sénator John McCain ti partey Républik tuluy jadi présidén Amérika ka 44 sarta jadi jalma kulit hideung nu munggaran jadi présidén Amérika Sarikat.

Tags:

196120 Januari200820094 Agustus4 NopémberAmérika SerikatHawaii

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Sajak SundaRarangkén N-Amérika KidulKohakuParibasaStruktur Jaringan Inti GPRSSair (pakakas)WalunganAnginRajahRahwanaBasa SwahiliJepangSolatKota BogorBudayaPerjangjian internasionalSawalaTempuyungCucunguk820-an2 April860-anLonjongPuisi sundaGuguritanBelukMikihiro MoriyamaWaditraDemam berdarahKotaZona vadosePenca SilatGalur caritaAl 'AlaqKalimahSastra SundaPendopoFranklin Delano RooseveltMeuncit Sato BélaSapuPaparikanMusikBasa ÉspérantoNgamumulé Basa SundaAlePakeman basaJukutWiki CommonsMonologKecap rundayan (basa Sunda)Iwan FalsDeungeun sanguIU (penyanyi)InohongKabudayaan SundaLionel MessiMadridWikipédiaAam AmiliaAdikaryaPatempatanSintaksisKawihKunciAdat NikahAngléngAngklungViétnamKoréa KidulItaliaKarajaan Inka🡆 More