Asem

Asem atawa kamal nyaéta sarupaning tutuwuhan nu ngahasilkeun buah anu rasana haseum; ilahar dipaké samara dina réa asakan Indonésia minangka panambah rasa haseum dina kadaharan, contona dina sayur haseum.

Asem
Asem
Buah asem dina tangkalna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Caesalpinioideae
Tribus:
Detarieae
Génus:
Tamarindus
Spésiés:
T. indica
Ngaran binomial
Tamarindus indica

Kecap "asem" jeung kecap "kamal" dipaké jadi ngaran patempatan di sawatara wewengkon di Pasundan jeung Jakarta.

Ngaran ilmiah ieu tutuwuhan nyaéta Tamarindus indica, kaasup kana sélér (suku) Fabacéae (Leguminosae). Spésiés ieu téh hiji-hijina anggota marga Tamarindus. Ngaran séjénna nyaéta kamal (Jawa), tamalaki (Banda), (basa Acéh), asam (basa Indonésia), sampalok (basa Tagalog), ma-kham (basa Thailand), tamarindo (basa Portugis), tamarinde (basa Walanda), sarta tamarind (basa Inggris).

Ngaran "asem" ogé dipaké pikeun kabéh tutuwuhan samara nu rasana haseum, kaasup ogé asem kandis jeung asem galugur. Tuwuhan ieu didatangkan ku jalma-jalma ti India.

Ngaran Tamarindus sarta tamarind diturunkeun tina basa Arab تمرهندي tamr hindī nu hartina kurang leuwih: korma India.

Sumebarna sarta ékologina

Asem kaasup tuwuhan tropis. Asal-usulnya dianggap ti savana Afrika wétan di mana jenis liarna kapanggih, salah sahijina di Sudan. Saprak rébuan taun katukang, pepelakan ieu geus sumebar ka Asia tropis, sarta saterusna ogé ka Karibia jeung Amérika Latén. Di réa tempat anu cocog, kaasup di Indonésia, asem tumuwuh liar kawas di leuweung-leuweung savana di Afrika.

Tangkal asem bisa tumuwuh alus nepi ka jangkungna kira-kira 1.000 m di luhur beungeut laut (dpl), dina taneuh nu keusikan atawa taneuh liket, hususna di wewengkon anu usum garingna écés sarta cukup panjang.

Hasil sarta pamakéan

Daging buah asem pohara populér, sarta dipaké dina rupa-rupa bahan asakan atawa samara di saantéro dunya. Buah anu ngora rasana pohara haseum, sarta ilahar dipaké minangka samara sayur haseum atawa campuran rujak. Buah anu geus asak bisa ditunda lila sanggeus dipesék sarta saeutik digaringkeun maké pitulung sinar panonpoé. Sajaba dijadikeun samara, pikeun méré rasa haseum atawa pikeun ngaleungitkeun ambeu hanyir lauk, asem mindeng dijadikeun bahan sirop, selé, gulali (peremén), sarta jajamu.

Thailand ogé ngahasilkeun asem anu amis rasana. Buah ieu populer sarta didahar dina kaayaan seger (henteu diasakan; alatan éta diékspor dina wangun peuteuy anu tacan dipesék.

Siki asem ilahar didahar sanggeus dikeueum sarta dikulub, atawa sanggeus dibeuleum. Sajaba ti éta, siki asam ogé dijadikeun tipung pikeun nyieun kuéh atawa roti.

Sajaba ti daging buah, réa bagian tangkal asem anu bisa dijadikeun bahan ubar tradisional. Daun ngorana (sinom) dipaké pikeun ngurangan raheut sarta rasa nyeri dina pasendian, di luhureun tatu atawa dina kasakit rematik. Daun ngora anu dikulub pikeun ngubaran batuk sarta panastiris. Kulit kaina anu ditutu dipaké pikeun nyageurkeun tatu, borok, jeung bisul. Kulit kai asem ogé dipaké minangka ubar kuat. Tipung sikina pikeun ngubaran diséntri sarta diaré.

Siki asem ogé mindeng dipaké dina kaulinan congklak.

Tangkal asem ilahar dipelak di sisi jalan minangka pangiuhan, utamana kawentar di sapanjang jalan raya Daendels, ti Anyer nepi ka Panarukan.

Para palaut Bugis dina mangsa baheula dipikanyaho melak tangkal asem di basisir kalér Australia, di Northern Territory dina waktu maranéhanana ngaso nungguan datangna angin pikeun balik ka wewengkon asal. Tangkal-tangkal asem ieu jadi pituduh ayanan hubungan antara urang Aborigin jeung jalma ti luar éta buwana saméméh kadatangan urang Éropa.

Galeri

Bahan bacaan

Dicutat tina

Tumbu ka luar

Tags:

Asem Sumebarna sarta ékologinaAsem Hasil sarta pamakéanAsem GaleriAsem Bahan bacaanAsem Dicutat tinaAsem Tumbu ka luarAsemBuahJakartaPasundan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

1911Ras TanuraKarungTanzaniaFotografer (Juru foto)JepangBélgia324Gunung FujiGobangAsia KulonTukang (profési)PeutingThe EconomistKembang GoyangThomas Alva Edison1672KaligataPulusNitrogénNgawuluku825 SMBerita bohongAnatomiPapande, Muara, Tapanuli KalérSajarahJukutStar WarsSisindiranMohammad Sobri Hardjapamekas550ArgéntinaTuraésFilsufBasa SwahiliGéorgiaTurkiJolene Marie Rotinsulu1346EmihLiberiaSahadatCucungukDarmagaLiang HeunceutKabupatén BangkaSalésma25143 ItokawaAnjingKentang457PuisiSahadat buhunAlamat ngimpiKihkirSisingaanPertempuran Bojong KokosanYérévanPeundeuyKapal silemKarajaan NgahijiLow-pass filterAlbert EinsteinCipeundeuy, Suradé, SukabumiInfrabeureumKoréa Kidul1892🡆 More