Surah Al Qodar (basa Arab:الْقَدْرِ) nyaéta surah ka-97 dina al Qur'an anu diwangun ku 5 ayat sarta kaasup golongan surah Makkiyah.
Al Qodar الْقَدْرِ | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Kamulyaan |
Ngaran séjén | Inna Anzalnahu |
Golongan | Makkiyah |
Surah ka | 97 |
Juz | Juz 30 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 5 ayat |
Surah ieu diturunkeun sanggeus surah 'Abasa sarta dingaranan "al qodar" (kamulyaan) anu dicokot tina kecap "al qodar anu aya dina ayat kahiji surat ieu.
Al Qur'an mitembeyan diturunkeun dina peuting Lailatul Qodar, anu ajénna leuwih ti sarébu bulan. Dina Islam disebutkeun yén dina peuting ieu malaikat Jibril jeung nu séjénna turun ka dunya pikeun ngatur sagala urusan. Dina surah al qodar ieu diterangkan yén awal mulana al Qur'an diturunkeun nyaéta dina peuting Lailatul Qodar sarta diterangkan ogé luhurna darajat peuting ieu.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | إِنَّآ أَنزَلۡنَـٰهُ فِى لَيۡلَةِ ٱلۡقَدۡرِ | Saéstuna kami geus nurunkeun (Qur'an) dina maleman anu mulya. |
2. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ | Naha anjeun nyaho, naon ari maleman nu mulya téh? |
3. | لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ خَيۡرٌ۬ مِّنۡ أَلۡفِ شَہۡرٍ۬ | Maleman nu mulya téh leuwih hadé batan sarébu bulan. |
4. | تَنَزَّلُ ٱلۡمَلَـٰٓٮِٕكَةُ وَٱلرُّوحُ فِيہَا بِإِذۡنِ رَبِّہِم مِّن كُلِّ أَمۡرٍ۬ | Harita malaikat-malaikat jeung roh tarurun kalawan widi Pangéranana marawa sagala timbalan. |
5. | سَلَـٰمٌ هِىَ حَتَّىٰ مَطۡلَعِ ٱلۡفَجۡرِ | Salamet wéh peuting harita téh nepi ka medal balébat. |
Surat sateuacanna: Al 'Alaq | Surat 97 | Surat saparantosna: Al Bayyinah |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Al Qodar, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.