Ucing

Ucing (Basa Indonésia:Kucing) nyaéta mamalia karnivora leutik.

Ucing Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

Ucing ilaharna jadi sato ingu pikeun manusa, boh minangka sato cocoeun atawa pikeun nyingsieunan beurit. Ieu sato geus dalit jeung manusa sahenteuna salila + 9.500 taun.

Ucing
Ucing
Rupa-rupa ragam ucing doméstik
Status konservasi
Status konservasi: Doméstik
Klasifikasi ilmiah edit
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Mammalia
Ordo: Carnivora
Subordo: Feliformia
Kulawarga: Felidae
Subfamili: Felinae
Génus: Felis
Spésiés:
F. catus
Ngaran binomial
Felis catus
Linnaeus, 1758
Sinonim

Felis lybica invalid junior synonym

Minangka prédator, ucing moroan leuwih ti saréwu spésiés sasatoan pikeun kadaharanana. Ucing mah calakan tur bisa dilatih pikeun nurutan paréntah anu gampil.

Anatomi jeung morpologi

Ucing 
Gambaran anatomi ucing sacara umum

Gumantung kana spésiésna, awak ucing beuratna 2,5 – 7 kg. Tapi, sababaraha spésiés budidaya, misalna Maine Coon, bisa nepi ka 11,3 kg. Mangkaning mun parabna keleuwihan mah beuratna bisa nepi ka 23 kg. Sabalikna, aya ogé ucing pangleutikna nu kungsi kalaporkeun beuratna kurang ti 1,8 kg.

Sakumaha mamalia lianna, ucing miboga tujuh cervical vertebrae, tilu welas thoracic vertebrae (manusa boga salosin), tujuh lumbar vertebrae (manusa boga lima), tilu sacral vertebrae (manusa boga lima sabab bipedal), sarta 22/23 caudal vertebrae (manusa boga 3-5, ngahiji jadi coccyx).

Ras Ucing

Dumasarkeun kana kaayaan buluna ras ucing kabagi 5 bagian nyaéta  :

  1. Bulu pondok
  2. Bulu sedeng
  3. Bulu campuran (pondok jeung panjang)
  4. Bulu panjang
  5. Bulu campuran

Bulu pendék

  • Exotik mangrupa variasi tina ras bulu pondok.
  • Chartreux, Russian Blue jeung Korat. Tilu ras ieu miboga warna bulu anu sarua nyaéta biru atawa hauk. katilu ras ieu mangrupa ras asli, tapi béda asal daérahna, saperti Chartreux anu aslna ti Prancis, Russian Blue asalna ti Rusia, jeung Korat ti Thailand.
  • Manx jeung Japanese Bobtail. Manx mangrupa ras anu teu boga buntut, sedengkeun Japanese bobtail miboga rupa buntut anu ahéng.
  • Egyptian Mau, Ocicat, California Spangled, Bengal
  • Siamese jeung Burmese.Kadua ras ieu téh asalna ti Thailand
  • British shorthair, Européan Shorthair, jeung American Shorthair
  • Abyssinian'' dipercaya yén ras ieu ras pangkolotna mangrupa ras katurunan Mesir Kuna.

Ucing dina kabudayaan Sunda

Dina kabudayaan Sunda, aya babasan jeung paribasa nu ngandung kecap ucing saperti ngabudi ucing, kawas ucing gering, kawas ucing jeung anjing, heunceut ucingeun.

Dina carita Sunda ogé aya carita ngeunaan ucing saperti "candramawat", nyaéta ucingna Nini Anteh anu aya di bulan.

Rujukan

Tumbu kaluar

Wiki Basa SundaUcing 
Wiki Commons logo
Wiki Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Isu kawarasan

Unak-anik

Tags:

Ucing Anatomi jeung morpologiUcing Ras Ucing dina kabudayaan SundaUcing RujukanUcing Tumbu kaluarUcing

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PopulasiKecap rajékan (basa Sunda)SaturnusCelegengPatlotKeuyeupBabakaurMantraKota Surabaya475 SMKunyitGapléhGorontalo TVMasjid Al-JabbarBaladaUniversitas Katolik ParahyanganMareu, Jaya, Aceh JayaBasa programMékanika kuantumAtikanKidung SundaGawirBobokongAdh DhuhaPrabu Geusan UlunÉkuadorOlah ragaKitab Allah1819SkotlandiaStasion Solo Balapan96420 AprilNigériaKarawitanHortikultura1248LeuncaFilsafatPurwakantiKapasGoogleItil1985MottoCC201Ebiet G AdéBarbados.sxSawo14061490-anLituaniaCibaliung, PandéglangSwédiaCaah déngdéngPaku sayurTéhnologiNauruMalaysiaHong KongBéasSondah967 SMSurabiJaiponganAmérika SarikatKecap sulur🡆 More