Kilogram (lambangna kg) nyaéta unit dasar SI pikeun massa.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Sa-gram diwatesan ku sapersaréwu kilogram. Konversi unit ngagambarkeun unit ékivalén massa dina sistim séjén.
Émbohan SI dipaké pikeun méré ngaran tikelan atawa babagian tina kilogram. Nu ilahar dipaké nyaéta,
Kilogram mangrupa hiji-hijina unit SI nu masih kénéh watesanana dihubungkeun jeung artéfak batan sipat fisik.
Kilogram pituinna diwatesan salaku massa saléter cimurni dina temperatur 4 darajat Celsius jeung tekenan atmosfir baku. Watesan ieu hésé pisan diwujudkeun sacara akurat, salah sahijina sabab dénsitas cai gumantung kana tekenan, sedengkeun unit tekenan ngawengku massa salaku salah sahiji faktorna, antukna ngagasilkeun kagumantungan sirkular dina watesan kilogram.
Pikeun nyingkahan masalah ieu, watesan kilogram dibaru deui sacara tepat massa hiji baku husus nu dijieun sasarua-saruana jeung watesan asalna. Saprak 1889, sistim SI ngawatesan unit ieu sarua jeung massa prototipe kilogram internasional, nu dijieun tina watang alloy platinum jeung iridium nu panjang jeung diaméterna 39 mm, sarta diteundeun di Biro Internasional Timbangan jeung Ukuran. Salinan resmi prototipe kilogram dijieun pikeun prototipe nasional, nu dibandingkeun jeung prototipe Paris ("Le Grand Kilo"), kasarna unggal 10 taun. Prototipe kilogram internasional dijieun taun 1880-an.
Dumasar watesan, kasalahan dina kabisaulangan watesan kiwari téh enol; ngan, dina harti ilahar kecapna, aya dina rentang 2 mikrogram. Ieu bisa kapanggih mun urang ngabandingkeun baku jeung salinan resmina, nu dijieun tina bahan sarta diteundeun dina kaayaan nu sarua. euweuh nu bisa mastikeun mana nu leuwih stabil, naha nu asli aatawa nu salinanana. Ku kituna, prosedur ieu dipigawé unggal opat puluh taun.
Prototipe internasional kilogram sigana ngahampangan kira 50 mikrogram salila saabad ieu, ku sabab nu tacan kanyahoan (dilaporkeun dina Der Spiegel, 2003 #26). Bébédaan nu kapanggih dina prototipena nyedek kana perluna néangan watesan anyar kilogram. Najan bener mun disebut yén sadaya objék di mayapada nambahan massana 50 mikrogram per kilogramna, sawangan ieu patojaiyah jeung ngéléhkeun tujuan unit baku massa.
Aya sawatara usaha pikeun ngawanohkeun hiji watesan tina jalan fundaméntal atawa konstanta atomik:
Nalika sipat hiji barang disebutkeun dina kilogram, sipat ieu nujul ampir salawasna ka massa, padahal sipat dina pamakéan sapopoé mindengna disebut "beurat", a usage much deprecated by those communities (physicists and engineers) that prefer weight always to méan "gravitational force". Occasionally the gravitational force on an object is given in "kilograms", but the unit used is not a true kilogram: it is the deprecated kilogram-force (kgf), also known as the kilopond (kp). An object of mass 1 kg at the surface of the Earth will be subjected to a gravitational force (that is to say, it will have a weight) of approximately:
nu mana N salaku Newton, unit gaya SI. Catet yén faktor 9,806 65 ngan disatujuan salaku rataan (CGPM ka-3 (1901), CR 70), salaku niléy tepat g, laju gravitasi lokal, béda-béda gumantung luhur-handap sarta tempatna di Bumi. (Tempo graviti baku).
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kilogram, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.