Gmail nyaéta fasilitas surélék anu disayagakeun ku Google.
Unggal pamaké bisa ngaksés Gmail dina webmail aman, sakumaha protokol-protokol POP3 atawa IMAP4 ilaharna. Mimitina mah Gmail téh ngan ukur jalur undangan hungkul dina rilis béta tanggal 1 April 2004. Tuluy jadi sadia pikeun umumna mah dina tanggal 7 Pébruari 2007, tapina tetep dina status béta kénéh. Tuluy fasilitas dironjatkeun ti status béta status dina tanggal 7 Juli 2009.
Ku kapasitas teundeunanna nepi ka 1 GB per pamaké, Gmail ngaronjatna signifikan da standar webmail gratis harita ngan nyadiakeun paneundeunan tina 2 nepi ka 4 MB wungkul saperti sainganna Hotmail. Pesen pribadi Gmail, kaasup lampiran, bisa nepi ka 25 MB. Gmail mibanda pamaluruhan nu orientasi tampilan sarta fasilitas obrolan nu mirip siga forum internet.
Gagasan pikeun Gmail téh bijilna ti Rajen Sheth nalika diinterviu ku Google. Tuluy dimekarkeun ku Paul Buchheit sababraha taun saméméhna éta téh pikeun dibuka ka umum. Proyék ieu dipikawanoh ku kode ngaran Caribou. Inisial klien surélék sayaga husus pikeun dipaké ku pagawé intern Google. Ari dibuka pikeun umumna mah dina tanggal 1 April 2004 dina rilis beta kawates.. Sarta dibuka pikeun umum sagemblengna dina tanggal 7 Pébruari 2007.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Gmail, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.