Kamerun

Kamerun, resmina Républik Kamerun (Basa Prancis: République du Cameroun), mangrupa hiji nagara di Afrika Tengah kulon.

Nagara ieu tepung wates jeung Nigeria di kulon; Chad di kalér-wétan; Républik Afrika Tengah di wétan; sarta Guinéa Khatulistiwa, Gabon, jeung Républik Kongo di kidul. Basisirna Kamerun wawatesan jeung Teluk Bonny, bagian ti Teluk Guinéa jeung Samudra Atlantik. Nagara ieu kalandi "Miniatur Afrika" pikeun bébéda géologis jeung kabudayaanna. Objék alami saperti basisir, sagara, gunung, leuweung hujan, jeung savana. Titik nu pangluhurna nyaéta Gunung Kamerun di beulah kidul-kulon, sarta kota panggedéna nyaéta Douala, Yaoundé, jeung Garoua. Kamrun miboga leuwih ti 200 grup basa nu bébéda. Nagara ieu katelah tina gaya musik aslina, utamina makossa jeung bikutsi, sarta tina tim maén bal nasionalna nu suksés. Basa Perancis jeung Basa Inggris mangrupa basa resmi.

République du Cameroun
Républik Kamerun
Bandéra Kamerun Coat of Arms Kamerun
Motto
"Paix – Travail – Patrie"
"Rapih – Gawé – Lemah Cai"
Lagu
Ô Cameroun, Berceau de nos Ancêtres
O Kamerun, Lemah Cai pun Bapa 1

Location of Kamerun
Location of Kamerun
Lokasi  Kamerun  (héjo kolot)

– di Afrika  (paul & kulawu kolot)
– di Uni Afrika  (paul)  —  [Legenda]

Ibu kotaYaoundé
3°52′N 11°31′E
Kota panggedéna Douala
Basa resmi Basa Perancis jeung Inggris (de facto)
Démonim Cameroonian
Pamaréntah Républik
 -  Présidén Paul Biya
 -  Perdana Mentri Philémon Yang
Kamerdikaan ti Perancis 
 -  Didéklarasikeun 1 Januari 1960 
 -  Anéksasi urut Kamerun Britania 1 Oktober 1961 
Aréa
 -  Total 475.442 km² (ka-54)
183.568 mil² 
 -  Cai (%) 1,3
Populasi
 -  Perkiraan  Juli 2009 19.100.000 (ka-58)
 -  Sénsus 2003 15.746.179 
 -  Kapadetan 39,7 /km² (ka-167)
102,8 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2010
 -  Total $44,327 milyar 
 -  Per kapita $2.170 
GDP (nominal) Perkiraan 2010
 -  Total $22,478 milyar 
 -  Per kapita $1.100 
Gini? (2001) 44,6 (sedeng
HDI (2010) Kamerun 0,460 (handap) (ka-131)
Mata uang Franc CFA Afrika Tengah (XAF)
Zona wanci WAT (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) teu kaobsérvasi (UTC+1)
TLD Internét .cm
Kode telepon +237
1 Judul ieu sakumaha disebutkeun dina Constitution of the Republic of Cameroon, Pasal X. Vérsi basa Perancisna kadang disebut "Chant de Ralliement", sakumaha dina National Anthems of the World, jeung vérsi basa Inggrisna "O Cameroon, Cradle of Our Forefathers", sakumaha dina DeLancey jeung DeLancey 61.

Padumuk awal ti wewengkon ieu kaasup Paadaban Sao di sabundereun Dano Chad jeung pamoro-pangumpul Baka dina leuweung hujan tenggara. Panjelajah Portugis nepi ka basisirna dina abad ka-15 jeung méré ngaran wewengkon éta Rio dos Camarões ("Walungan Hurang"), ngaran ti mana dibeunangkeun ngaran Kamerun. Tentara Fula ngadegkeun Emirat Adamawa di beulah kalér dina abad ka-19, jeung rupa-rupa grup étnis ti kulon jeung kalér-kulon ngadegkeun séké-séké jeung kafonan. Kamerun jadi jajahan Jérman dina 1884.

Sanggeus Perand Dunya I, wewengkon ieu dibagi antara Perancis jeung Britania salaku mandat Liga Bangsa-Bangsa. Partéy pulitik Union des Populations du Cameroun ngadukung kamerdikaan tapi teu disahkeun ku Perancis dina 1950-an. Dina 1960, Perancis ngadministradi sabagian Kamerun jadi merdika salaku Républik Kamerun dina Présidén Ahmadou Ahidjo. Bagian kidulna, Kamerun Britania, ngagabung dina 1961 pikeun ngawangun Républik Féderal Kamerun. Nagara ieu diganti ngaranna kana Républik Kahijian Kamerun dina 1972 sarta teras Républik Kamerun dina 1984.

Dibandingkeun nagara Afrika lianna, Kamerun miboga stabilitas pulitis jeung sosial nu rélatif luhur. Hal ieu ngidinkeun kamekaran tatanén, jalan, rél, jeung industri ageung minyak bumi sarta kai. Tapi, raloba urang Kamerun anu miskin salaku patani. Kakawasaan aya dina présidén otoritér ti 1982, Paul Biya, jeung partéyna, Pagerakan Démokratik Urang Kamerun.

Région

    Artikel utama: Région di Kamerun, Divisi Kamerun
Kamerun 
Kamerun dibagi kana 10 région.

Konstitusi ngabagi Kamerun kana 10 région semi-otonom, masing-masing dina administrasi Déwan Régional. Dekrét présidénsial 12 Nopémber 2008 resmi nyarankeun parobihan ti propinsi ka région. Région-régionna dibagi deui kana (total) 58 divisi (départements). Divisi-divisina salajengna dibagi deui kana sub-divisi (arrondissements).

Tempo ogé

Catetan

Réferénsi

Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Cameroon ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Kamerun  Définisi kamus ti Wiktionary
Kamerun  Buku téks ti Wikibooks
Kamerun  Cutatan ti Wikiquote
Kamerun  Téks sumber ti Wikisource
Kamerun  Gambar jeung média ti Commons
Kamerun  Warta ti Wikinews
Kamerun  Sumber pangajaran ti Wikiversity
    Pamaréntah
    Informasi ilahar

Kamerun    Tempo ogé Kamerun di Wikivoyage


Kamerun 

Tags:

Kamerun RégionKamerun Tempo ogéKamerun CatetanKamerun RéferénsiKamerun Tumbu kaluarKamerunAfrika TengahBasa InggrisBasa PerancisBasa PrancisChadGabonGuinéa KhatulistiwaNigeriaRépublik Afrika TengahRépublik KongoSamudra Atlantik

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BeutiBala-balaBangbaraKecap kantétan (basa Sunda)WawancaraÉs goyobodKolombiaJurudemung30 NopémberAbad ka-20NyiruKampung Adat Sirna ResmiKota BandungKabupatén LebakBabad CirebonLasminingratSi Bedog PanjangRamatlokaAsép Sunandar SunaryaISO 4217BayawakPulusDangdingGustav KirchhoffMencekArkéologiPanalungtikan kuantitatifMijalmaFijiIqro1989LatviaDongéngKomikRahmat M. Sas. KaranaAlamat ngimpiAlgoritmaSawérCucungukCaah2007GawirPeuyeumBacharuddin Jusuf HabibieJudulJampéGayamNoella SisterinaApotekNgasorJaipongan972GoongRakitan lantipRomaniaPerpustakaanBatagorKihkir165LG GroupAfrika KalérUrang PérsiaOpakDaur nitrogénInumanDurmaCongcotSalasa🡆 More