San Marino

Républik San Marino mangrupa salah sahiji nagara nu aya di buana Éropa.

Dikurilingan ku Italia pasna di beulah kalér tepung wates jeung propinsi Rimini, daérah Emilia-Romagna jeung di beulah kidul propinsi Pesaro jeung Urbino, daérah Marche.

Serenissima Repubblica di San Marino
Bandéra San Marino Lambang San Marino
Motto
Libertas
(Latin: "Kabébasan")
Lagu
Inno Nazionale della Repubblica
"Lagu Kabangsaan Nasional Républik"
Location of San Marino
Location of San Marino
Ibu kotaSan Marino
Kota panggedéna Dogana
Basa resmi Italia
Pamaréntah Républik parleménter
 -  Wali Kaptén Alessandro Rossi
Milena Gasperoni
 -  Foreign Minister Luca Beccari
Kamerdékaan
 -  ti Kakaisaran Romawi 3 Séptémber 301
(tradisional) 
 -  Konstitusi 8 Oktober 1600 
Aréa
 -  Total 61,2 km² (219)
24 mil² 
 -  Cai (%) 0
Populasi
 -  Perkiraan  31 Maret 2011 31.887 (211)
 -  Kapadetan 501 /km² 
1.297,6 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$0,94 miliar (174)
 -  Per kapita US$34.600 (5)
Mata uang Euro (EUR)
Zona wanci (UTC+1)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+2)
TLD Internét .sm
Kode telepon +378

San Marino mangrupa nagara républik konstitusional nu pangkolotna di dunya, diwangun dina 3 Séptémber 301 ku Santo Marinus ti Rab, hiji tukang batu Kristiani nu mabal basa pérsekusi agama ku Kaisar Romawi Diocletian. Konstitusi San Marino dipaké dina 1600, mangrupa konstitusi nu pangkolotna di dunya nu masih dipaké.

Sajarah

San Marino 
 Artikel utama: Sajarah San Marino.
San Marino 
Munara Montale di Monte Titano.
San Marino 
Patung dada ti Giuseppe Garibaldi di San Marino, monumén kahiji di dunya nu didédikasikeun ka "Pahlawan Dua Dunya". Jieunan Stefano Galletti, diwangun dina 1882.

Dumasar kana tradisi, Santo Marinus ninggalkeun pulo Rab di Kroasia bareng baturna Léo jeung angkat ka Rimini minangka tukang batu. Sanggeus pérsekusi lantaran anjeunna ngawulang Kristiani, anjeunna mabal ka Monte Titano, di mana anjeunna ngawangun garéja leutik jeung ngawangun kota jeung nagara San Marino. Kaping resmi pawangunan Républik ieu nyaéta 3 Séptémber 301.

Dina tetengahan abad ka-5, hiji komunitas diwangun, lantaran lokasina nu hésé jeung kamiskinanna, nagara ieu hasil ngalindungan kamerdékaanna sanajan kalawan saeutik gangguan. Dina 1631 kamerdékaanna diakuan ku Nagara-nagara Kapausan.

Dina jaman Unifikasi Italia di abad ka-19, San Marino minangka tempat pangungsian pikeun raloba jalmi nu dipérsekusi lantarab ngadukung unifikasi. Ku bantosan ieu, Giuseppe Garibaldi narima paméntaan San Marino sangkan teu dihijikeun ka nagara Italia nu anyar. Napoléon nolak ngarebut nagara ieu. Jeung basa ditaros naha, anjeunna ngoméntar "Naha? Nagara ieu mangrupa hiji modél républik!"

Dina Perang Dunya I, Italia ngumumkeun perang ka Austria-Hungaria dina 23 Méi 1915. San Marino tetep ngajaga sikap nétral jeung Italia nyandak sikap musuhan, ngaduga San Marino ngalindungan mata-mata Austria nu bisa diberé aksés ka stasion radiotélégrafnya nu anyar. Italia nyobian pikeun ngawangun détasemén Carabinieri sacara paksa dina wewngkonna jeung teras nolak hubungan télépon sareng Républik nalika nagara ieu teu satuju.

Dina Perang Dunya II San Marino tetep ngajaga sikap nétral. Tapi dina 26 Juni 1944 nagara ieu dibom ku RAF, nu percaya yén nagara ieu diparéntah ku pasukan Jérman jeung digunakeun pikeun numpuk pakarang. Genep puluh urang pupus dina operasi éta. San Marino dieusi rébuan pangungsi nu néangan kaamanan basa pasukan Sakutu ngaliwat Gothic Line.

San Marino jadi anggota Majelis Éropa dina 1988 jeung anggota PBB dina 1992. Nagara ieu sanés anggota Uni Éropa, tapi ngadopsi mata uang Euro sabab sistem kauanganna kaintegrasi jeung Italia.

Géografi

San Marino 
 Artikel utama: Géografi San Marino.
San Marino 
Gunung Titano.

San Marino mangrupa hiji énklave di jeroeun talia, tepung wates jeung région Emilia-Romagna jeung Marche. Topografina didominasi ku Pagunungan Apennine. Titik nu pangluhurna di nagara ieu nyaéta Gunung Titano, aya dina 749 m dipl. San Marino mangrupa nagara nu pangleutikna ka-3 di Éropa sanggeus Vatikan jeung Monako. San Marino teu boga taneuh nu datar, 100% nagara ieu aya di pagunungan.

Démografi

Nagara ieu miboga padumuk kira-kira 30.000 urang, kaasup 1.000 urang asing, nu kalobaannana mangrupa urang Italia. Kirang leuwih 5.000 padumukna aya di luar nagri, kalobaannana tinggal di Italia. Basa nu dipaké di nagara ieu nyaéta basa Italia. Dumasar kana CIA World Factbook, rarata jangka hirup lalaki nepi ka 78.52 taun ari awéwé nepi ka 85.72 taun.

Transportasi

San Marino teu miboga bandara sorangan, tapi miboga hiji landasan hélikopter nu aya di Borgo Maggiore. Bandara nu pangdeukeutna aya di kota Rimini, Italia, nyaéta [[Bandara Internasional Federico Fellini.

Ékonomi

San Marino 
 Artikel utama: Ékonomi San Marino.

Sanajan San Marino sanés mangrupa anggota Uni Éropa tpai euro jadi mata uang resmi nagara ieu. Industri utama di nagara ieu aya dina widang bank, éléktronik, dan keramik. Produksi agrikultur utama nyaéta anggur jeung keju.

Réferénsi

Tempo ogé

Tumbu kaluar

San Marino    Tempo ogé San Marino di Wikivoyage





Tags:

San Marino SajarahSan Marino GéografiSan Marino DémografiSan Marino TransportasiSan Marino ÉkonomiSan Marino RéferénsiSan Marino Tempo ogéSan Marino Tumbu kaluarSan MarinoItaliaNagaraPropinsiÉropa

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

DawalaCarita pondokCai Susu IndungPanata acaraThe TitansHajiLasminingratKastrolKawihBobokoKartu kréditBasa InggrisPamaréntah28 PébruariLaisMaén balGondéwaInvéstasiPeuyeumSaurBangbaraCaiWartaAktorRusiaKunyit20 Juli1982Lembur SingkurTambaksumur, Tirtajaya, KarawangOptimisasi mesin panéangHoé badak10 AgustusArsénal F.C.Abdul Halim SyatariISO 4217UbarTérong koriCakungOksigénBintangHawu8 AgustusDaya Mahasiswa Sunda (DAMAS)Guru laguLasunKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarAsmaul husnaShushaJajangkunganTarumanagaraGoogleLancah maungCaturangga349William ChittickWedaTéddi MuhtadinKandaga KecapRékayasaPearson product-moment correlation coefficientPulusLeupeut600Wanci Usum PanasParahu kumurebPangisi soraNyeri huntu🡆 More