27 Januari

27 Januari nyaéta poé ka-27 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 338 poé (339 dina taun kabisat).

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1785 – Universitas Georgia diadegkeun minangka universitas umum munggaran di Amérika Sarikat.
  • 1820 – Hiji Ékspédisi Rusia pingpinan Fabian Gottlieb von Bellingshausen jeung Mikhail Petrovich Lazarev manggihan daratan Antartika.
  • 1825 – Kongrés AS nyatujuan kana Wilayah Indian (kiwari Oklahoma), ngalancarkeun jalan pikeun pamindahan urang Indian Wétan dina naon anu disebut "Jalur Cipanon".
  • 1868 – Perang Boshin: Patempuran Toba-Fushimi dimimitian antara pasukan Shogun Tokugawa ngalawan faksi-faksi pro-kakaisaran; éngkéna shogun kasoran sarta mangrupa poin penting pikeun Réstorasi Méiji.
  • 1869 – Perang Boshin: Tokugawa ngadegkeun Républik Ezo di Hokaido.
  • 1880Thomas Edison nampa patén pikeun bohlam.
  • 1918 – Perang sodara di Finlandia dimimitian.
  • 1927Ibnu Saud jadi raja Nejad.
  • 1943Perang Dunia II: Pasukan Udara ka-8 nyiapkeun 91 pasawat B-17 jeun B-24 pikeun nyerang pabrik U-boat di Wilhelmshaven, Jérman. Ieu téh mangrupa serangan bom Amérika ka Jérman nu munggaran.
  • 1944 – Perang Dunia II: Pangepungan Leningrad salila 900 poé lekasan.
  • 1951 – Operasi Ranger: Amérika nguji coba nuklir di Situs Uji Coba Nevada.
  • 1973 – Kasapukan Daméy Paris sacara rasmi mungkas Perang Viétnam. Kolonél William Nolde nu maot nalika keur perang jadi korban perang pamungkas ti AS nu kacatetkeun.
  • 1980 – Ku cara réréongan jeung pamaréntah Kanada, genep diplomat Amérika hasil dikaluarkeun tina pacéngkadan di Iran, minangka klimaks tina operasi panyalametan "Canadian Caper".
  • 1983 – Poros pilot Torowongan Seikan, torowongan handapeun laut pangpanjangna di dunia (53.85 km) antara Pulo Honsu jeung Hokaido di Jepang, hasil nembus ujung ka ujung.
  • 1996 – Dina hiji kudéta militer, Kolonél Ibrahim Baré Mainassara nyingkirkeun présidén kahiji Nigeria nu kapilih sacara démokratis, Mahamane Ousmane.
  • 1996 – Jérman mimiti miéling Poé Panginget-nginget Panelasan Massal Internasional.
  • 2002 – Beledugan di hjij fasilitas panyimpenan militer di Lagos, Nigeria, nelasan saheunteuna 1.100 jalma sarta ngungsikeun 20.000 séjénna.
  • 2010 – Krisis konstitusional Honduras 2009 réngsé nalika Porfirio Lobo Sosa manjing présidén Honduras.
  • 2011Arab Spring: Révolusi di Yaman dimimitian nalika 16.000 pamoha démonstrasi di Sana'a.
  • 2013 – Dua ratus opat puluh dua jalma maraot dina hiji kahuruan di kleub peuting di Kota Santa Maria, Rio Grande do Sul, Brasil.

Nu babar

  • 1571 – Abbas I, raja Dinasti Safawi di Parsi (td. 1629)
  • 1756Wolfgang Amadeus Mozart, komposer Austria (td. 1791)
  • 1790 – Juan Álvarez, jéndral jeung présiden Méksiko (1855) (td. 1867)
  • 1795 – Eli Whitney Blake, insiyur Amérika, nu nyiptakeun konci Mortise / konci panto (td. 1886)
  • 1832 – Lewis Carroll, sastrawan Inggris (td. 1898)
  • 1859 – Wilhelm II, Kaésar Jérman pamungkas (td. 1941)
  • 1929 – Mohamed Al-Fayed, pangusaha Mesir
  • 1956 – Mimi Rogers, artis Amérika
  • 1957 – Frank Miller, sutradara Amérika
  • 1964 – Bridget Fonda, artis Amérika
  • 1971 – Ricky Subagja, atlét batminton Indonésia
  • 1976 – Maia Estianty, panyanyi Indonésia
  • 1979 – Rosamund Pike, artis Inggris

Nu pupus

  • 1596Francis Drake, nahoda jeung pangjalajah Inggris (l. 1540)
  • 1901 – Giuseppe Verdi, komposer Italia (l. 1813)
  • 2008Suharto, présidén Indonésia ka-2 (l. 1921)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Panginget-nginget Holocaust Internasional

Tumbu luar

27 Januari 

Tags:

27 Januari Kajadian27 Januari Nu babar27 Januari Nu pupus27 Januari Poé peré poé panginget-nginget27 Januari Tumbu luar27 JanuariKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

KeuyeupBala-balaBima SaktiFeni Fitriyanti1532Kabudayaan SundaKroasiaDataBaktériCarita pondokPasantrénCalingcingSintaksisTurkiKihkirUni SoviétBioskopBiografiDian Sastrowardoyo1507Paninggaran2 AprilSajarah basa SundaMuammar KhadafiFrasa1949RajahAngléngGoongMélonDurmaKalimah (basa Sunda)RamadanBabak (téater)AprilAl BaqorohWiki2022KohakuTembang CianjuranAam AmiliaIrak2009Basa PérsiCucungukKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarWawangsalanBakatul83616 NopémberAngklungPanyora ceuliKanazawa, IshikawaTarumanagaraSutradaraLatviaLibyaSéroRékayasaMahabarataJamparingIslandiaDuit LogamCakungFranklin Delano RooseveltTransistorLaut TengahÉtém835NgarasParis Hilton17 JuniIncuing🡆 More