Magnét atawa beusi semprani nyaéta hiji materi anu boga medan magnet.
Kecap magnét asalna tina basa Yunani magnítis líthos anu hartina batu Magnesian. Magnesia nyaéta ngaran hiji wewengkon di Yunani bihari anu kiwari ngaranna Manisa (ayeuna aya di wewengkon Turki) anu ngandung batu magnét.
Kiwari, magnét nyaéta hiji materi anu miboga médan magnét. Wujud materi kasebut aya nu dina wangun magnét tetep jeung magnét henteu tetep. Magnet anu ayeuna ieu aya ampir kabéhanana mangrupa magnét jieunan.
Magnét sok mibanda dua kutub nyaéta: kutub kalér (north/ N) sarta kutub kidul (south/ S). Sanajan magnét éta dipotong-potong, potongan magnét leutik kasebut baris tetep mibanda dua kutub.
Magnét bisa metot barang séjén. Aya sababaraha materi anu malah kabetot leuwih kuat batan batan materi séjénna, nyaéta bahan logam. Tapi henteu kabéh logam miboga daya betot anu sarua. Beusi sarta waja mangrupa dua conto materi anu miboga daya betot anu tarik. Sedengkeun oksigen éncér mangrupa conto materi anu miboga daya betot nu lemah.
Hijian intensitas magnét nurutkeun sistem metrik dina International System of Units (SI) nyaéta Tesla sarta SI unit pikeun fluks magnétik total nyaéta weber. 1 weber/m^2 = 1 tesla, anu mangaruhan hiji méter pasagi.
Magnét tetep henteu merlukeun tanaga atawa bantuan ti luar pikeun ngahasilkeun daya magnét (berelektromagnetik).
Magnét tetep salila ieu dipikanyaho aya dina:
Magnét henteu tetep (remanen) gumantung kana médan listrik pikeun ngahasilkeun médan magnét. Conto magnét henteu tetep nyaéta magnét listrik atawa éléktromagnét.
Magnét jieunan ngawengku ampir sakumna magnét anu aya kiwari.
Wangun magnét jieunan di antarana:
Cara nyieun magnét di antarana:
Bahan anu ilahar dijadikeun magnét nyaéta: beusi jeung waja. Beusi leuwih gampang pikeun dijadikeun magnét batan waja. Tapi sipat kemagnétan beusi leuwih gampang leungit batan waja. Ku sabab éta, beusi leuwih mindeng dipaké pikeun nyieun éléktromagnét.
Cara ngaleungitkeun sipat kamagnétan di antarana:
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Magnét, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.