Maéhan manéh nyaéta peta maéhan diri sorangan, kalawan alesan nu rupa-rupa: wirang, rumasa boga salah, pegat harepan, kasakit anu kacida, teu kuat nandangan hirup anu lara balangsak, diganggayong ku kasusah anu taya anggeusna, atawa kaayaan séjén anu teu dipiharep.
Catetan WHO nyebutkeun yén unggal taunna aya sayuta jalma nelasan manéh, ku kituna jadi salah sahiji sabab utama pati pikeun umur rumaja jeung sawawa méméh 35 taun. Anu teu nepi ka paéhna bisa ngahontal angka 20 yuta.
Peta nelasan manéh bisa ditempo tina sababaraha jihat, utamana agama, kahormatan, jeung ajén hirup. Dina ajaran Islam (jeung millah Ibrohim lianna), nelasan manéh téh kaasup dosa gedé. Di dunya Kulon, ieu peta kaasup kajahatan. Urang Jepang boga adat seppuku, hiji cara nelasan manéh anu pangnyerina, minangka peta pikeun nebus kasalahan atawa kagagalan, atawa minangka bentuk protés dina jaman samurai. Dina dunya militér/perang, nelasan manéh dipaké minangka kamikazé atawa pikeun ngabom. Dina adat Hindu, aya sati pikeun randa nu ditinggalkeun maot ku salaki, boh ku kahayang sorangan atawa kapaksa ku kahayang kulawarga.
Eutanasia, nelasan manéh ku cara médis, nepi ka kiwari masih dipadungdengkeun nalika nyanghareupan sababaraha rupa kasakit parna. Ngorbankeun manéh pikeun nyalametkeun nu séjén teu dianggap nelasan manéh, ku sabab tujuanana pikeun nyalametkeun nu séjén.
Tina jihat kadokteran, nelasan manéh téh raket tumalina jeung kawaluyaan méntal. Tarékah nelasan manéh kadang bisa dihartikeun "ménta tulung" jeung kahayang dipiroséa, atawa ngedalkeun peunggasna harepan atawa kahayang leupas tina kasusah, lain meleg-meleg hayang paéh. Nu nyobaan nelasan manéh lolobana teu hasil dina sakali, sabab nu biasana nepi ka maot téh sanggeus sababaraha kali nyobaan.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Maéhan manéh, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.