Ganja

Ganja kaasup kana narkotika golongan 1 anu poténsina gedé pisan kana nimbulkeun katergantungan jeung dipahing dimangpaatkeun pikeun ubar.

Ganja
Tangkal Ganja

Fakta Umum

  1. Tangkal ganja anu digaringkeun, dikuluntungkeun jiga roko.
  2. Anu kaasup kana ganja nyaéta hashis.
  3. Ngandung tétrahydrocannabinol (THC) nu psikoaktip sarta ngabalukarkeun katergantungan.
  4. Sanggeus dipaké, zat anu dikandung bisa cicing dina jero awak, lilana bisa saminggu.

Pangaruh anu Langsung Karasa

  1. Denyut nadi naék, suhu awak turun.
  2. Mata beureum, lelembéé sarta tikoro garing.
  3. Loba omong, rarasaan gumbira, rasa kumalayang, rasa lapar jeung haus leuwih ningkat.
  4. Kamampuh ngalaksanakeun pancén anu ngabutuhkeun konséntrasi sarta koordinasi jadi kaganggu.

Pangaruh Jangka Panjang

Bisa ngalaman halusinasi, paranoia (gangguan jiwa nu rarasaanana diudag-udag), turunna motipasi, kalaléder, babari katépaan panyakit, sarta katergantungan.

Pangaruh dina Sistim Awak Manusa

  1. Sistim Sarap Puseur : bisa ngabalukarkeun kana leungitna kamampuh nginget(memori) atawa teu mampuhna ngabédakeun mana nu penting jeung mana anu teu penting sarta bisa ngabalukarkeun karusakan uteuk.
  2. Sistim Pernapasan : ngaronjatna risiko panyakit bayah kronis (bronkitis, kanker), leuwih gedé ti batan ngaroko.
  3. Sistim Pencernaan jeung Réproduksi : nambah napsu barang dahar, nguranganana kadar hormon téstostéron keur lalaki, nu ngabalukarkeun nguranganana kasuburan, sarta gangguan mén, jeung risiko interfertilisasi(euweuh kasuburan) keur awéwé.

Poto-Poto Ganja


Ganja 



Referensi

Tags:

Ganja Fakta UmumGanja Pangaruh anu Langsung KarasaGanja Pangaruh Jangka PanjangGanja Pangaruh dina Sistim Awak ManusaGanja Poto-Poto Ganja ReferensiGanjaUbar

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Sajak SundaIdulfitriTangkalPerang BubatKaduPakeman basaBayernIndiaLukisan19 PébruariKihkirSatelit KomunikasiLasminingratAustraliaSudanInstitut Pertanian BogorTahu Sumedang16BatagorKaranganUgaKompasGlobalisasi2004PupukYunaniIndependent identically-distributed random variablesBangbaraJamNyiruGondéwaPrabu Geusan UlunIwan FalsTéhnologiSaéniSéptémberAt TahrimRarangkén ting-BiantaraRanggasaDaptar nagaraSaurSawér1970GéografiDaptar istilah pakarang satoCacarakanBloggerOto Iskandar di NataAbad ka-21WalesKampung DukuhKumpulan sajakBulan purnamaAtlasVoltaseBéklen557 SMPrancis1555Cut Nyak DhienSisindiranVanderbilt UniversityMaudy AyundaPsikologi.tvBayawak🡆 More