Alkitab

Alkitab mangrupa kitab suci Kristen .

Alkitab kabagi jadi dua bagian utama: Perjangjian Anyar jeung Perjangjian Heubeul. Babagian ieu disebut "Perjangjian" ku sabab Pangeran bangsa Israél atawa Yahwé nyieun perjanjian. Perjangjian munggaran nyaéta antara Nabi Musa jeung urang Yahudi, sedengkeun nu kadua antara Yesus Kristus jeung sakabéh umat manusa.

Alkitab

Kecap 'Alkitab' sorangan asalna tina basa Arab Kutiba nu hartina katetepan-katetepan/hukum, nu mangrupa aturan-aturan dina ngajalankeun ageman

Ampir kabéh buku Perjangjian Heubeul ditulis dina basa Ibrani, kajaba sawatara bagian anu ditulis dina basa Aram ti kitab Daniel sedengkeun kabéh buku Perjangjian Anyar ditulis dina basa Yunani.

Dumasar eusina sarta gaya nulisna, Perjangjian Heubeul bisa digolongkeun jadi 5 bagéan utama nyaéta Kitab Taurat (5 kitab), Kitab Sajarah (12 kitab), Kitab Puisi (5 kitab), Kitab Nabi-nabi Besar (5 kitab) sarta Kitab Nabi-nabi Leutik (12 kitab). Sedengkeun golongan keur Perjangjian Anyar nyaéta Kitab Injil (4 kitab), Kitab Sajarah (1 kitab), Kitab Surat Rasuli (21 kitab) sarta Kitab Wahyu (1 kitab).

Sajaba ti éta ti saprak baheula aya sawala ngeunaan kanon Alkitab: buku naon waé anu bisa dianggap bagian ti Alkitab. Dina abad ke-3 SM, Alkitab Ibrani atawa Tanakh ditarjamahkeun dina basa Yunani. Tarjamahan ieu disebut Septuaginta, tapi ngamuat sajumlah buku anu heneuweuh dina vérsi Yahudi. Buku-buku ieu disebut buku-buku Deuterokanonika.


Alkitab

Tags:

IsraélKristenNabi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SuhartoBismillahKoréa KidulKekecapanWawangsalanUgaKawungLasminingratKeuyeupSaguPangaweruhCareuh bulanBisnisHajiGoogleKulawargaKampung UrugBiotéhnologiSudanTirto Adhi SoerjoISO 4217Sajak SundaWajitPrabu SurawisésaGamelanMotor listrikGawirKunyitTéddi MuhtadinMalaékatPangisi soraUTCFotografer (Juru foto)Loss functionIwungKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarHawuAyip RosidiFacebookAgum GumelarKawihBumiBudayaDodol GarutSistem Geodesi DunyaLodayaAustraliaAbdul Halim Syatari349IndiaMichael JordanBasa WalandaKecap (basa Sunda)AyakanKompas TVSuku (biologi)Serat KanayaganBankBlénderDadapPeuyeumAngeunKecap kantétan (basa Sunda)ComroPancakakiTarumanagaraSylvester StallonePakeman basa10 AgustusCaturanggaWedaQatar🡆 More