Suis

Suis (Basa Jérman: die Schweiz, Basa Prancis: la Suisse, Basa Itali: Svizzera, Romansh: la Svizra), resmina Konféderasi Suis (Lat.: Confœderatio Helvetica, ku kituna dina ISO boga sandi nagara CH jeung CHE), nyaéta républik féderal nu diwangun ku 26 kanton, kalawan puseurna di Bern.

Ieu nagara perenahna di Éropa Kulon, dikuriling ku Jérman (kalér), Prancis (kulon), Itali (kidul), sarta Austria jeung Liechtenstein (wétan).

Schweizerische Eidgenossenschaft
Confédération suisse
Confederazione Svizzera
Confederaziun svizra
Confoederatio Helvetica
Konféderasi Swiss
Bandéra Swiss Lambang Swiss
Motto
Unus pro omnibus, omnes pro uno  (tradisional)
(Latin: Hiji pikeun sadaya, sadaya pikeun hiji)
Lagu
Swiss Psalm
Location of Swiss
Location of Swiss
Lokasi  Suis  (héjo)

di buana Éropa  (kulawu kolot)  —  [Legenda]

Ibu kotaBern (de facto)
46°57′N 7°27′E
Kota panggedéna Zurich
Basa resmi Jérman (63.7 %),
Perancis (20.4 %),
Italia (6.5 %),
Roma (0.5 %)
Démonim Swiss
Pamaréntah Républik féderal, kalawan sistem arahan jeung démokrasi langsung
 -  Déwan Féderal Viola Amherd (Présidén)
Karin Keller-Sutter (Wakil Présidén)
Guy Parmelin
Ignazio Cassis
Albert Rösti
Elisabeth Baume-Schneider
Beat Jans
 -  Kanselir Féderal Viktor Rossi
Kamerdékaan
 -  Kaping pawangunan 1 Agustus 1291 
 -  de facto 22 Séptémber 1499 
 -  Diakuan 24 Oktober 1648 
 -  Diréstorasi 7 Agustus 1815 
 -  Nagara féderal 12 Séptémber 1848 
Aréa
 -  Total 41.285 km² (ka-133)
15.940 mil² 
 -  Cai (%) 4,2
Populasi
 -  Perkiraan  2010 7.866.500 (ka-95)
 -  Sénsus 2000 7.452.075 
 -  Kapadetan 188 /km² (ka-65)
477,4 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $321,898 milyar 
 -  Per kapita $45.265 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $512,065 miliar 
 -  Per kapita $75.835 
Gini? (2000) 33,7 (sedeng
HDI (2010) Suis 0.874 (luhur pisan) (ka-13)
Mata uang Franc Swiss (CHF)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .ch
Kode telepon +41
Suis
Matterhorn

Suis téh nagara nu kakubeng di darat nu wilayahna sacara géografis kabagi tilu ku Alps, Central Plateau, jeung Jura nu lega sakabéhna 41.285 km2. Pangeusina kira ukur 7,8 juta jalma nu lolobana matuh di Platéau, tempatna kota-kota gedé, di antarana dua kota global jeung puseur ékonomi Zurih (Zürich) jeung Jenéwa (Geneva). Ieu nagara kaasup nagara pangbeungharna di dunya dumasar produk doméstik bruto (PDB) per kapita anu gedéna US$67.384. Zurih jeung Jenéwa salaku kota aya dina réngking kadua jeung katilu salaku kota anu kualitas hirupna punjul.

Konféderasi Suis kungsi lila jadi nagara nétral—teu kungsi ngilu perang sacara internasional ti 1815—malah kakara ngagabung jeung PBB taun 2002. Di Suis loba markas organisasi internasional, di antarana baé Forum Ékonomi Sadunya, IOC, Palang Mérah Internasional, WTO, FIFA, jeung kantor PBB panggedéna kadua. Dina tingkatan Éropa, Suis téh tempat ngadegna European Free Trade Association sarta ngilu kana Schengen Agreement - najan sabenerna ieu nagara téh lain anggota Uni Éropa atawa European Economic Area.

Pangeusi Suis diwangun ku tilu wilayah basa jeung budaya: Jérman, Prancis, jeung Itali. Ku kituna, masarakatna henteu ngabentuk hiji bangsa dina harti étnik atawa jatidiri basa anu ilahar. Kuatna rasa sanagara datang ti saruana kasang tukang sajarah, ajén-inajén (féderalismeu, démokrasi langsung, nétralitas) jeung simbolismeu Alpina. Konféderasi Suis ngadeg 1 Agustus 1291, sarta dipiéling unggal taun salaku Poé Nasional Suis.

Kanton

Suis 
 Artikel utama: Daptar kanton di Swiss.

Konféderasi Swiss dibagi kana 26 kanton, nyaéta:

  • Aargau
  • Appenzell Innerrhoden
  • Appenzell Ausserrhoden
  • Basel-Stadt
  • Basel-Landschaft
  • Bern
  • Fribourg
  • Jenewa
  • Glarus
  • Graubünden
  • Jura
  • Luzern
  • Neuchâtel
  • Nidwalden
  • Obwalden
  • Schaffhausen
  • Schwyz
  • Solothurn
  • St. Gallen
  • Thurgau
  • Ticino
  • Uri
  • Valais
  • Vaud
  • Zug
  • Zürich

Basa[rujukan?]

Suis 
 Artikel utama: Géografi linguistik Swiss.
Suis 
Basa di Swiss:
Jérman Standar Swiss jeung Jérman Swiss (63,7%),
Perancis, Franche-Comte, jeung Arpitan (19,2%),
Italia jeung Lombardia (7,6%),
Roma (0,6%)

Catetan suku

Tempo ogé

Rujukan

Bibliografi

Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Switzerland ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Suis  Définisi kamus ti Wiktionary
Suis  Buku téks ti Wikibooks
Suis  Cutatan ti Wikiquote
Suis  Téks sumber ti Wikisource
Suis  Gambar jeung média ti Commons
Suis  Warta ti Wikinews
Suis  Sumber pangajaran ti Wikiversity
    Pamaréntah
    Rujukan
    Géografi

Suis    Tempo ogé Suis di Wikivoyage

    Pelesir
    Sajarah
    Média massa
    Atikan
    Élmu, panalungtikan, jeung téhnologi

8°20′00″E / 46.83333°N 8.33333°E / 46.83333; 8.33333






Tags:

Suis KantonSuis Basa[rujukan?]Suis Catetan sukuSuis Tempo ogéSuis RujukanSuis Tumbu kaluarSuisAustriaBasa ItaliBasa JérmanBasa LatinBasa PrancisItaliJérmanLiechtensteinPranciswikt:Schweizwikt:Suissewikt:Svizzera

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kampung KutaMantraGaya basa (Sunda)Kampung DukuhRamo1950JamaikaSeblakKemis17Kampung Adat Sirna ResmiDoel SumbangItaliaJavaScriptAt TahrimKawihWalunganWajitWalandaDéwi SartikaSeni20 AprilNoella Sisterina1998Kalénder GrégoriWiki CommonsKekecapan.tvCarita pondokOasisGlobalisasiAdolf HitlerTeluhIsyana Sarasvati1989Daptar istilah pakarang satoKarajaan NgahijiWikipédiaDalangGuadelupBlogLingkunganDiksiLatviaBitotamaSakolaAl-AnbiyaFebri HaryadiJérmanApotek1997Iwan FalsPuisi sundaRarangkén sang-BakoMekahAbad ka-20GamelanRékayasaRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto MangunkusumoLeupeutPerang Dunya IIRarangkén -eunNagriAlloh🡆 More