Séng

Séng (tina Basa Jérman: Zink) nyaéta unsur kimia logam nu dilambangan Zn kalawan nomer atom 30.

Ieu unsur aya dina baris kahiji logam transisi dina golongan 12 tabél periodik. Sacara kimia, séng sarupa jeung magnésium ku sabab ukuran ionna sarua sarta boga bilangan oksidasi +2. Dina kulit Bumi, séng téh unsur ka-24 panglobana, dina bentuk lima rupa isotop stabil. Bijih anu panglobana digali nyaéta dina bentuk spalerit atawa séng sulfida, kapanggih loba pisan di Australia, Kanada, jeung Amérika Serikat.

Séng
Spalerit (ZnS)

Aloy séng jeung tembaga anu katelah kuningan, sahanteuna geus dipaké ti abad ka-10 SM. Dina skala gedé, masarakat India geus bisa ngahasilkeun séng (teu murni) ti abad ka-13, anapon bangsa-bangsa Éropah kakara wanoh jeung ieu logam abad ka-16. Para alkémis ngaduruk séng pikeun nyieun anu katelah "philosopher's wool" atawa "white snow". Taun 1800, Luigi Galvani jeung Alessandro Volta medarkeun pasipatan éléktrokimia séng. Kiwari, ieu logam utamana dipaké pikeun galvanisasi baja ngarah tahan tai hiang. Lian ti éta, séng ogé dipaké dina batré, séng karbonat jeung séng glukonat pikeun suplemén katuangan, séng klorida dina déodoran, séng pirition dina sampo anti-ketombé, séng sulfida dina cét luminesens, sarta séng métil atawa séng diétil di laboratorium organik.

Séng téh kaasup mineral ésénsial, défisiénsina karandapan ku 2 miliar jalma di nagara-nagara nu keur mekar, anu tumali jeung rupa-rupa kasakit. Mun kaalaman ku barudak, tumuwuhna bisa kaganggu, telat sawawa sacara séksual, gampang katarajang inféksi, jeung diaré nu unggal taunna ngabalukarkeun maotna 800.000 budak. Dina biokimia, loba pisan énzim anu ngandung atom séng dina gugus prostétikna, misalna baé alkohol dehidrogénaseu di manusa. Sabalikna, asupan séng anu kaleuleuwihi bisa ngabalukarkeun ataksia, défisiénsi tembaga, jeung matak létoy kana awak.

Catetan

Rujukan

  • Zinc (disalin 20 Agustus 2009)

Bibliografi

Tumbu kaluar

Séng 

Tags:

Séng CatetanSéng RujukanSéng BibliografiSéng Tumbu kaluarSéngAmérika SerikatAustraliaBasa JérmanBumiIonIsotopKanadaLogamMagnésiumNomer atomTabél periodikUnsur kimia

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SulingJamparingKromosom YKecap sulurWretikandayunBasa CékoKanazawa, IshikawaAnggur (inuman)Al-AnfalMaskumambangAdipati PanaékanBasa ItaliaPanganténan SundaArtika Sari DeviPériode Edo25 Agustus19 MaretGending karesménCilokWiki CommonsFijiPankreasSpam (éléktronik)Sistim OperasiSeureuh13 PébruariSajarahJumaahNagoya, AichiLisungSapfoMasjid Agung Cianjur2018Hudangna YésusGedoganSeserahanSamagahaAdat NikahZoologiSajak SundaKeuyeupPakasabanKihkirLangirBilatungWorld Trade OrganizationRarangkén barungWawangsalanBasa SundaLongsérCarita ParahiyanganKawihSungkemUnileverAhmad BakriPasamakmuran Bangsa-BangsaNuzulul Qur'anJukutKila-kilaRarangkén di-CrocodiliaSundaPanyajakKritik sastra SundaNyi Roro KidulSatéAdat ngurus orokAreuyCaah🡆 More