Panyakit Virus Ébola

Panyakit virus ébola ( EVD ) atawa demam berdarah ébola ( EHF ) nyaéta panyakit anu dialaman ku manusa jeung disababkeun ku sasalad ébola .

Mangsa inkubasi mimiti ieu virus biasana dua poé nepi ka tilu minggu. Gejala anu karasa nyaéta muriang, nyeri tikoro, nyeri otot jeung nyeri sirah. Ieu gejala biasana dibarengan ku seueul, utah, diaré, jeung turunna fungsi haté jeung ginjal. Dina kaayaan ieu, jalma anu kakeunaan virus Ebola mimiti ngalaman bijilna getih dina organ awak.

Penyakit virus ebola
Klasifikasi jeung sumber luar
Panyakit Virus Ébola
mikrograf elektron virus ébola
ICD-10 A98.4
ICD-9 065.8
DBPanyakit 18043
MedlinePlus 001339
eMedicine med/626 
MeSH D019142

Gejala

Panyakit Virus Ébola 
Tanda jeung gejala Ebola

Mangsa inkubasi ieu sasalad antara 2 nepi ka 21 poé. Seseringna mah antara 4 nepi ka 10 poé. Sanajan kitu, aya 5 persén périodeu inkubasi anu ngahontal waktu leuwih ti 21 poé.

Gejala ébola biasana dimimitian ku influenza dadakan anu nyababkeun pasién leuleus, muriang, lesu, hésé barangdahar (anorexia), nyeri otot (myalgia), nyeri sendi (arthralgia), nyeri sirah jeung nyeri tikoro. Demamna biasana nepi ka 38.3 °C (100.9 °F) . Gejalana dibarengan ku utah, diaré jeung nyeri beuteung bagian luhur jeung handap. Lian ti éta, napas jadi déét, dada nyeri, awak ngabareuhan (edema), jeung kasadaran ngurangan. Dina sababaraha kasus, pasién ngalaman 'maculopapular ruam' dina kulit anu lumangsung 5 nepi ka 7 poé, sanggeus gejala awal karasa ku pasién.

Dina sababaraha kasus, bisa ogé kajadian perdarahan internal jeung éksternal ti mimiti 5 nepi ka 7 poé. Sakabéh pasién pasti ngalaman pembekuan getih. Pendarahan tina lapisan baham, irung jeung tikoro anu lumangsung dina 40-50 persén kasus. Ieu kajadian nyababkeun utah getih, batuk getih jeung diséntri. Pendarahan dina kulit nyababkeun petechiae, purpura, ecchymoses atawa hematomas (utamana di sabudeureun anu keuna suntikan). Panon jadi beureum jeung di saluran pencernaan .

Mimiti aya tanda-tanda rék cageur téh antara 7 nepi ka 14 poé. Leungitna ieu sasalad biasana antara 6 nepi ka 16 poé, di satengahing éta biasana ngalaman heula loba kareuwas, tekenan getih handap anu disababkeun ku kurangna cacai dina awak. Parnana, pasién saméméh tilar dunya téh pasti wé ngalaman koma. Anu salamet ogé mindeng ngalaman nyeri otot, nyeri sendi, haté ngabareuhan, kurang dadanguan, capé, leuleus, turun gairah aktivitas, jeung beurat awak beuki lila beuki turun jeung hésé balik deui ka awal.

Nyababkeun sareng diagnosis

Sasaladna bisa ditépakeun ngaliwatan getih atawa késang sato anu kakeunaan (biasana monyét atawa kalong). Népakeun ngaliwatan hawa mah can kungsi kajadian di lingkungan anu alami. Dipercaya yén kalong buah bisa mawa jeung nyumebarkeun sasalad tanpa kakeunaan. Sakalina inféksi ka manusa, bisa tépa ka jalma lian anu aya disabudeureunana. Lalaki anu salamet tina panyakit bisa népakeun ngaliwatan spérma salila ampir dua bulan. Dina prosés diagnosis, biasana panyakit anu lian kalayan gejala anu sarua, saperti malaria, koléra jeung demam berdarah virusna kudu dikaluarkeun heula. Pikeun mastikeun diagnosis, sampel getih kudu diuji antibodi virus, RNA virus, atawa virus éta sorangan.

Nyegah

Tarékah ngurangan tépana ieu virus bisa dimimitan ku cara ngajauhan monyét jeung babi anu kainféksi ka manusa. Ieu bisa dilakukeun ku cara mariksa sato anu kainféksi, maéhan jeung miceun sato naon waé anu kakeunaan virus Ebola. Pasak daging nepi ka asak jeung gunakeun pakéan keur nyalindungan waktu ngolah daging. Lian ti éta, saméméh atawa sanggeus kontak jeung jalma anu keuna ku ébola kudu ngolah bisa ku cara ngumbah leungeun heula. Sampel cacai jeung jaringan ti jalma anu miboga panyakit kudu diurus kalayan ati-ati pisan.

Teu aya cara husus keur ngokolakeun ieu panyakit, usaha mantuan jalma-jalma anu katépaan kaasup méré terapi réhidrasi oral (cai anu rada amis jeung cai asin anu diinum) atawa cacai intravena. Ieu panyakit miboga tingkat poténsi tilar dunya anu luhur, malah poténsina nepi ka 50% - 90%. EVD mimiti dipikawanoh di Sudan jeung Républik Démokratik Kongo. Ieu panyakit bisa hirup di daérah tropis Sub-Sahara Afrika . Ti 1976 (nalika mimiti diwanohkeun) nepi ka 2013, kurang ti 1.000 jalma per taun geus katépaan. Panggedéna angka anu katépaan Ebola di Afrika Kulon 2014 anu mangaruhan Guyana, Sierra Leone, Liberia jeung Nigeria . Ti Agustus 2014, leuwih ti 1600 kasus geus diidéntifikasi. Tarékah terus dilakukeun nepi ka ayeuna keur ngembangkeun vaksin, tapi masih can ngahasilkeun bongbolongan.

Rujukan

Tags:

Panyakit Virus Ébola GejalaPanyakit Virus Ébola Nyababkeun sareng diagnosisPanyakit Virus Ébola NyegahPanyakit Virus Ébola RujukanPanyakit Virus ÉbolaAtiDiaréGinjalMuriang

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Abdul Halim SyatariRorombéheunAksara Sunda BakuMédia sosialSajakÉritréaLambakYokohamaHirisPutri noong28 MaretMagmaLangirLaporanMeri392Kumis ucingGero, GifuAdang RuchiatnaNajwa ShihabKi congcorangCandi CangkuangRoayKelenciSastraBatagorAgum GumelarIEEE 802.11g-2003Ayip RosidiGodi SuwarnaPerang Israél−Hamas 2023Bulan purnamaJawa TengahTepasAdjéktifBhinneka Tunggal IkaBabad BantenNgaliwon OrokKaréta api Kutojaya UtaraMuriangNomer Buku Standar InternasionalKeletikWulukuLéptop1913GapléhKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarLeupeutSri MulyaniWalunganUncal SundaIonBobokoSirungCarrier-to-noise-ratioSénggalFeni FitriyantiKalimah (basa Sunda)Daptar taun22 April🡆 More