Kanye Omari West anu leuwih dipikawanoh Kanye West babar di Chicago, Illinois, AS, ping 8 Juni 1977.
Manéhna nyaéta saurang penyanyi Rap jeung R&B sakaligus produser rékaman anu asalna ti Amerika anu geus genep kali meunangkeun hadiah Grammy Award dina opat katégori. Studio rékaman anu munggaran dibangun nyaéta Roc-A-Fella Records. Kolotna West pipirakan nalika umurna tilu taun.Satuluyna manéhna pindah ka Chichago beulah kidul bareng jeung indungna saurang Profesor Basa Inggris ari dina mangsa musim panas bareng jeung bapana saurang fotografer anu satuluyna diangkat jadi konsélor Gereja. West mangrupa lulusan ti Polaris High School jeung lulus sataun ti sakola seni di Chicago State University. Sabada osok ngamusik rap jeung digawé jeung artis lokal, manéhna pindah ka New York taun 2001 sangkan leuwih konséntrasi kana karir musikna.Sabada kitu jeung Jay-Z ngajak manéhnapikeun nyieun lagu-lagu dina albumna The Blueprint, anu bisa kajual leuwih ti 420,000 siki di minggu munggaran.West satuluyna milih jalan pikeun usaha sorangan pikeun nyieun lagu ti artis-artis kaasup rapper Ludacris jeung penyanyi Beyonce.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kanye West, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.