Jarapah

Jarapah (Giraffa camelopardalis) nyaéta sato anggota Girraffidae anu disebut si beuheung panjang alatan beuheungna panjang.

Jarapah
Jarapah
Status konservasi
Jarapah
Conservation Dependent
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Artiodactyla
Génus:
Giraffa
Spésiés:
G. camelopardalis
Ngaran binomial
Giraffa camelopardalis
Jarapah

Jangkungna bisa ngahontal 5,5 m atawa leuwih. Sato ieu boga tonggong anu condong jeung buntut nu panjang. Awakna boga warna coklat rada konéng[ kalayan kotak cokelat semu beureum. Sumebarna nyaéta di wewengkon Afrika, utamana Sudan, Somalia, nepi ka Afrika Kidul.

Déskripsi

Jarapah miboga tanduk anu sipatna permanen jumlahna 2 atau 4 siki tanduk di penclut sirahna. Sajaba ti éta ogé jarapah mibanda bénjolan-bénjolan tulang antara tulang di antara panon kénca sarta panon katuhu anu disebut tanduk kalima. Jarapah mibanda 32 siki huntu anu diadaptasi pikeun prosés daharna. Sato ieu ogé mibanda sihung anu rubak pikeun mantuan huntu nu hareup. Huntu ieu condong dipaké nyisir daun-daun sarta tatangkalan sarta semak perdu.

Si Jantung Kuat

Unikna ti jarapah nyaéta pangabisa jantungna anu ngompa getih sangkan ngahontal otak anu perenahna cukup jauh sarta luhur. Sabot beuheungna ajeg, tekenan getihna 200 mm Hg. Sedengkeun dina sabot beuheung diturunkeun tekenan getihna 175 mm. Kaayaan ieu disababkeun ayana katup-katup dina artéri di sapanjang beuheungna anu boga fungsi pikeun ngurangan tekenan getih. Lamun lumangsung dina manusa, tekanan kasebut bisa ngabalukarkeun pati. Jantung jarapah anu beuratna 11 kg boga fungsi pikeun nyuplai getih saloba 60 léter/menit.

Pertahanan diri

Jarapah umumna hirup di stépa, wewengkon satengah padang keusik , atawa padang jukut sabana. Jarapah aktip néangan kadaharan isuk-isuk sarta pasosoré. Di habitat aslina jarapah dahar daun tutuwuhan polong-polongan, contona akasia sarta mimosa. Lamun aya cai, jarapah bisa nginum saloba 9 liter perminggu. Lamun euweuh cai, jarapah sanggup henteu nginum nepi ka sababaraha minggu. Komo di wewengkon angar jarapah sanggup teu nginum salila 7 bulan. Pikeun ngabéla diri ti prédator (singa, macan tutul, sarta buaya) jarapah ngagunakeun suku hareupeunana minangka pakarang. Tajongan suku hareup jarapah pohara kuatna. Nepi ka bisa ngaremukkeun tulang rusuk singa.

Ékologi

Biasana patali jeung Akasia, Commiphora sarta Combretum savana, tapi maranéhanana ogé lumangsung saeutik di leuweung Miombo Brachystegia sarta di leuweung Isoberlina, di Kamerun. Jarapah nyaéta sato nu selektif, kalayan spésies Acacia anu nyieun saloba-loba kadaharan nu bisa dihontalna, tapi ogé spesies ti Balanites, Commiphora, Detarium, Boscia, Combretum, Ziziphus sarta Grewia.

Rujukan

Jarapah 

Tags:

Jarapah DéskripsiJarapah Si Jantung KuatJarapah Pertahanan diriJarapah ÉkologiJarapah RujukanJarapahAfrikaAfrika KidulBeuheungBeureumCoklatKonéngSatoSomaliaSudan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

1 OktoberNgapungSylvester StalloneSao Tome jeung PrincipeCeurikKingkilabanTayamumSampel statistikAgus Salim.hmBukit Gemuruh, Way Tuba, Way Kanan1719UgaPatromakIngon-ingonKawihOrganisasiTarlingRetorik1904Aci sampeuEndogTumbung1778KirataArgéntina.zmBasisir JayantiLayungSebaran seragamMalawiMustafa Kemal AtatürkHateupDaptar istilah téhnologi informasiCandrasangkalaÉtimologiSangkuniUji rasio likelihoodOftalmologiPattimuraWajitPilemKota BandungBismillahDaptar nagara di ÉropaJavaScriptNorwégiaBuruanLeupeutBerukDaun déwaKapayang (hodgsonia)HotelRékayasa softwareKomikPuisi sundaBlogMichael JordanMégaDaptar kode telepon nagara di dunyaWikiSutradaraBacharuddin Jusuf HabibieDornaGeutahKélorIsmail MarzukiBacang🡆 More