Djibouti

Djibouti (Basa Arab: جيبوتي‎ Jībūtī, Basa Prancis: Djibouti, basa Somali: Jabuuti, basa Afar: Gabuuti), resmina Républik Djibouti (Basa Arab: جمهورية جيبوتي‎ Jumhūriyyat Jībūtī, Basa Prancis: République de Djibouti, basa Afar: Gabuutih Ummuuno, basa Somali: Jamhuuriyadda Jabuuti), mangrupa hiji nagara di Tanduk Afrika.

    Artikel ieu ngeunaan nagarana. Pikeun ibu kota Djibouti, tempo Djibouti (kota). Pikeun lagu kabangsaanna, tempo Djibouti (song)

Tepung wates jeung Eritrea di kalér, Ethiopia di kulon jeung kidul, sarta Somalia di tenggara. Sisa watesna tepung jeung Laut Beureum sarta Teluk Aden. Djibouti, nu miboga populasi 818.159 jiwa dina sénsus 2009, mangrupa salah sahiji nagara nu kirang didumukan di Afrika. Ageman utama di Djibouti nyaéta Islam, kalawan 94% ti populasi, 6% sésana ngagem Kristen. Nagri ieu kawanoh salaku Obock jeung Somaliland Perancis (Côte française des Somalis) dina abad ka-19; dina 1967, ngaranna digentos kana Afar jeung Issa saparantos pajangjian jeung Perancis. Téritori ieu didéklarasikeun salaku hiji nagara merdika dina 1977 jeung ngarobih ngaranna kana "Républik Djibouti", dumasar kana ibu kotana. Djibouti ngagabung ka Pasarikatan Bangsa-Bangsa dina 20 Séptémber 1977. Djibouti mangrupa nagara daulat merdika, tapi tetep miboga hubungan jero jeung Perancis, sarta liwat rupa-rupa pasatujuan militér jeung ékonomi jeung Perancis, nagara ieu narima panyartaan kaamanan jeung ékonomi.

جمهورية جيبوتي
Jumhūriyyat Jībūtī
République de Djibouti
Gabuutih Ummuuno
Jamhuuriyadda Jabuuti
Républik Djibouti
Bandéra Djibouti Emblem Djibouti
Motto
"Unité, Égalité, Paix"
"Kahijian, Kasaruaan, Karapihan"
Lagu
Djibouti
Location of Djibouti
Location of Djibouti
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Djibouti
11°36′N 43°10′E
Basa resmi Basa Perancis, Basa Arab
Démonim Djiboutian
Pamaréntah Républik semi-présidénsial
 -  Présidén Ismail Omar Guelleh
 -  Perdana Mentri Dileita Mohamed Dileita
Kamerdikaan
 -  ti Perancis 27 Juni 1977 
Aréa
 -  Total 23.200 km² (ka-149)
8.958 mil² 
 -  Cai (%) 0,09 (20 km² / 7,7 mil²)
Populasi
 -  Perkiraan  2009 864.000 (ka-160th)
 -  Sénsus 2009 818.159 
 -  Kapadetan 37,2 /km² (168th)
96,4 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2010
 -  Total $2,105 milyar 
 -  Per kapita $2.554 
GDP (nominal) Perkiraan 2010
 -  Total $1,140 milyar 
 -  Per kapita $1.383 
Gini? (2009) 40,0 
HDI (2010) Djibouti 0,402 (handap) (ka-147)
Mata uang Franc (DJF)
Zona wanci EAT (UTC+3)
 -  Usum panas (DST) teu kaobsérvasi (UTC+3)
TLD Internét .dj
Kode telepon +253

Sajarah

Djibouti 
 Artikel utama: Sajarah Djibouti.

Langkung kontak nu deukeut jeung karaketan sareng Samenanjung Arab pikeun leuwih ti 1.000 taun, grup étnis Somali jeung Afar dina wewengkon ieu aya dina populasi-populasi kahiji dina buana Afrika nu ngagem Islam.

Ti 1862 nepi ka 1894, daratan kaléreun Teluk Tadjoura kawanoh salaku Obock jeung diparéntah ku Sultan-Sultan Somali jeung Afar, otoritas lokal nu mana nandatanganan rupa-rupa pajangjian jeung Perancis antara 1883 jeung 1887 pikeun miboga kakawasaan dina wewengkon ieu. Dina 1894, Léonce Lagarde ngadegkeun hiji administrasi Perancis permanén di kota Djibouti jeung méré ngaran wewengkon ieu Somaliland Perancis, nu aya ti 1896 nepi ka 1967, basa ngaranna dirobih kana Téritori Perancis Afar jeung Issa.

Djibouti 
Istana Gubernur di Kota Djibouti.

Dina 1958, dina wengi kamerdikaan nagara tatangga, Somalia, di 1960, hiji réferéndum dilaksanakeun di Djibouti pikeun mutuskeun bakal ngagabung ka Républik Somali atanapi tetep jeung Perancis. Réferéndum boga hasil nyaéta ngalanjutkeun asosiasi jeung Perancis, sabagian ku lantaran sora "nya" ti gtup étnis Afar jeung urang Éropa. Aya ogé kalicikan sora, nu mana urang Perancis ngusir rébuan urang Somali saméméh réferéndum nepi ka panyandakan sora. Kalobaanana nu milih "teu" mangrupa urang Somali nu dina dukungan kana Uni Somalia sakumaha geus diajukeun ku Mahmoud Harbi, Wakil Présidén Déwan Pamaréntah. Harbi ditelas dina hiji kacilakaan pesawat dua taun saparantosna. Djibouti ahirna miboga kamerdikaanna ti Perancis dina 1977 sarta Hassan Gouled Aptidon, nu ngampanyekeun pilihan “nya” dina réferéndum 1958, jadi présidén kahiji nagara ieu (1977–1991).

Djibouti ogé mangrupa anggota ti Liga Arab, Uni Afrika, sarta Otoritas Antarpamaréntah dina Kamekaran (Intergovernmental Authority on Development; [IGAD]).

Région jeung distrik

    Artikel utama: Région di Djibouti, Distrik di Djibouti
Djibouti 
Peta région-région Djibouti

Djibouti dibagi kana lima région jeung hiji kota. Teras salajengna dibagi deui kana sawelas distrik.

Région-région jeung kotana nyaéta:

  • Région Ali Sabieh (Région d'Ali Sabieh)
  • Région Arta (Région d'Arta)
  • Région Dikhil (Région de Dikhil)
  • Kota Djibouti (Ville de Djibouti)
  • Région Obock (Région d'Obock)
  • Région Tadjourah (Région de Tadjourah))

Tempo ogé

  • Deprési Afar
  • Association des Scouts de Djibouti
  • Hubungan luar nagri Djibouti
  • Militér Djibouti
  • Gagasan Lintas Sahel
  • Télékomunikasi di Djibouti
  • Transportasi di Djibouti
    • Jalur Karéta Api Ethio-Djibouti

Réferénsi

Bacaan salajengna

  • Djibouti's Unusual Resource Curse Jennifer N. Brass
  • Djibouti: Pawn of the Horn of Africa Robert Saint-Veran
  • Historical Dictionary of Djibouti Daoud A. Alwan
  • Naval Strategy East of Suez: The Role of Djibouti Charles W

Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Djibouti ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Djibouti  Définisi kamus ti Wiktionary
Djibouti  Buku téks ti Wikibooks
Djibouti  Cutatan ti Wikiquote
Djibouti  Téks sumber ti Wikisource
Djibouti  Gambar jeung média ti Commons
Djibouti  Warta ti Wikinews
Djibouti  Sumber pangajaran ti Wikiversity

Djibouti    Tempo ogé Djibouti di Wikivoyage


Djibouti 

Tags:

Djibouti SajarahDjibouti Région jeung distrikDjibouti Tempo ogéDjibouti RéferénsiDjibouti Bacaan salajengnaDjibouti Tumbu kaluarDjiboutiBasa ArabBasa PrancisEritreaEthiopiaIslamLaut BeureumSomalia

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Serat KanayaganPadalisan18 JuliSiti Hardijanti RukmanaPulusKunyitNajisDaya Mahasiswa Sunda (DAMAS)AljazairRadio1936BiantaraMotor listrikNyi Roro KidulPianakanHajiAyana ShahabKlausa (basa Sunda)Fotografer (Juru foto)ÉngangIwungAl FatihahTéhnologiAbah AndadinataCalung jingjing10 AgustusEngangYamanInvéstasiBiotéhnologiAmérika SarikatTumbungCariangNyeri huntuAksara Sunda BakuCai Susu Indung28 PébruariCaliforniaSasanggaleunCangcaratanTirto Adhi SoerjoRanginangKayasAksara GedéWawancaraCelegengPanasKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarMalaysiaBlénderBlogKulawargaLentongPartikel subatomikGamelanBabak (téater)15 Maret30 JuniCaturanggaLembur SingkurSawérTari MerakSapfoPamaréntahPagawéan🡆 More