Épilépsi nyaéta ayana muatan listrik anu kaleuleuwihi jeung ngadadak nepi ka prosés narima jeung ngirim impuls tina uteuk kana bagian-bagian awak lianna kaganggu. Istilah épilépsi sarua jeung ayan. Umumna épilépsi dilantarankeun ku karuksakan uteuk nalika prosés ngalahirkeun, kungsi ngalaman cidera dina sirah, kungsi katarajangradang uteuk, kungsi katarajang tumor uteuk, aya kelainan pembuluh darah dina uteuk, ayana getih atawa nanah anu ngadagleg (beku) dina uteuk, ayana gangguan métabolismeu awak, jeung nginum inuman anu ngandung alkohol. Teu kanyahon sacara jelas sabab-musabab épilépsi anu kaalaman ku orok. salah sahiji cara anu dianjurkeun ku dokter nyaéta merhatikeun gerakan-gerakan orok nalika lahir. Kolot sawadina waspada lamun sering ningali orok milampah gerakan-gerakan anu anéh tur dibalikan- deui dibalikan deui (diulang-ulang) atawa mindeng katingali reuwaseun tanpa sabab anu jelas, bari reuwasna téh sababaraha kali. Panyakit épilépsi lain panyakit turunan , tapi nu mawa sipat panyakit ieu bisa diturunkeun ka turunan saterusna. Biasana jalma anu ngalaman serangan épilépsi bakal ngalaman kejang-kejang, tur tina bahamna kaluar. Serangan panyakit épilépsi kacida gancangna.
Lamun aya anu kaserang épilépsi, ulah ngasupkeun barang-barang naon waé ogé kana bahamna, huntuna anu rapet balem ulah dipaksa sina calangap, ulah nahan gerakan kejangna, ulah digolérkeun dina tempat saré. Naon sababna? Alesanana lantaran:
Aya sababaraha hal anu bisa dipilampah nalika hiji jalma kaserang épilépsi:
Ngubaran épilépsi mibutuh kasabaran jeung waktu anu lila. euweuh serangan kejang dina dangka saminggu atawa dua minggu lain hartina cageur, ku lantaran kitu, sanajan henteu kejang ogé ngnum ubar mah kudu tuluy sacara rutin.
Catetan
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Épilépsi, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.