Céko

Républik Céko (Cekia; basa Céko: Česká republika, Česko déngé (pitulung·info)) mangrupa hiji nagara di Éropa Tengah nu diwangun saenggeus bubarna nagara Cékoslowakia.

Nagara ieu tepung wates jeung Jérman di kulon jeung kalér, Polandia di kalér, Slowakia di tenggara, jeung Austria di kidul.

Česká republika
Républik Céko
Bandéra Céko Lambang Céko
Motto
"Pravda vítězí" (basa Céko)
"Kabeneran nu meunang"
Lagu
Kde domov můj? (Céko)
"Di mana imah abdi?"

Location of Céko
Location of Céko
Lokasi  Céko  (héjo kolot)

– di buana Éropa  (héjo & kulawu kolot)
– di Uni Éropa  (héjo)  —  [Legenda]

Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Praha
50°05′N 14°28′E
Basa Resmi: Céko, Slovak
Minoritas: Bulgaria, Kroasia, Jérman, Yunani, Hungaria, Polandia, Romani, Rusia, Rusyn, Sérbia, jeung Ukraina
Grup étnis (2001) 90,5% Céko,
3,7% Moravia,
1,9% Slovak,
3,9% nu lian jeung nu teu kaspésifikasi
Démonim Czech
Pamaréntah Républik parleménter
 -  Présidén Miloš Zeman
 -  Perdana Mentri Petr Fiala
Pawangunan
 -  Kapangéranan Bohémia c. 870 
 -  Karajaan Bohémia 1198 
 -  Cékoslovakia 28 Oktober 1918 
 -  Républik Céko 1 Januari 1993 
Asup ka
 Uni Éropa
1 Méi 2004
 -  Cai (%) 2.12 (as of 2020)
Populasi
 -  Perkiraan  2021 Citakan:DecreaseNeutral 10,701,777 (86th)
 -  Sénsus 2011 10,436,560 
GDP (PPP) Perkiraan 2020
 -  Total Céko $432.346 billion (36th)
 -  Per kapita Céko $40,585 (34th)
GDP (nominal) Perkiraan 2020
 -  Total Céko $261.732 billion (36th)
 -  Per kapita Céko $24,569 (37th)
Gini? (2019) 24.0 (5th)
HDI (2019) 0.900 (27th)
Mata uang Koruna Céko (CZK)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .cz³
Kode telepon ++4204
1 30 Juni 2010 (See Population changes).
2 Tingkat dumasar kana data IMF 2009
3 Ogé .eu, bareng jeung nagara anggota Uni Eropa nu lian.
4 Ngagunakeun kode 42 bareng Slovakia nepi ka 1997.
^ a. Panarosan rétorika hartina "Lemah éta di mana rorompok kuring aya".

Di nagara ieu aya Sudetenland, di mana baheula aya séké bangsa Jérman, tapi saenggeus Perang Dunya II, kalobaannana didéportasi sanajan masih loba urang Céko nu mibanda nami Jérman.

Sajarah

Céko 
 Artikel utama: Sajarah Céko.

Taneuh Céko muncul dina ahir abad ka-9 wanci dihijian ku Přemyslids. Karajaan Bohémia nu ngawasaanna, tapi konflik kaagamaan kawas Perang Hussit abad ka-15 jeung Perang Tilu Puluh Taun abad ka-17 ngaruksak. Teras wewengkon ieu aya dina pangaruh Habsburg jeung mangrupa bagian Austria-Hongaria.

Saenggeus labuhna nagara éta dina Perang Dunya I, Céko jeung tatanggina Slowakia ngagabung jeung ngawangun républik merdéka Cékoslowakia dina 1918. Négara anyar ieu boga étnis Jérman minoritas nu loba, nu nuju ka bubarna Cékoslowakia wanci Jérman sukses nganéksasi minoritas éta liwat Pasatujuan Munchen dina 1938, jeung Slowakia miboga otonomi nu leuwih gedé, jeung nagara dinamian "Céko-Slowakia". Slowakia salajengna misah deui dina 1939 jeung sisa nagara Céko ieu dikawasaan ku Jérman.

Saenggeus Perang Dunya II, Cékoslowakia labuh kana pangaruh Uni Soviét. Dina 1968, hiji invasi ku pasukan Pakta Warsawa ngahiran usaha pamingpin nagara ieu pikeun ngaliberalkeun partéy nu keur maréntah jeung nyieun "sosialisme jeung hiji paroman manusa" dina Usum Semi Praha. Dina 1989, Cékoslowakia mibanda kabébasan liwat Révolusi Kacébong. Dina 1 Januari 1993, nagara ieu meupeus kana dua nagara, Républik Céko jeung Républik Slowakia nu merdéka.

Céko ngagabung kana NATO dina 1999 jeung Uni Éropa dina 2004.

Politik

Céko 
 Artikel utama: Politik Céko.

Dumasar kana konstitusi, Républik Céko mangrupa hiji nagara démokrasi parleménter nu pupuhu nagarana hiji présidén nu dipilih ku parlemén pikeun masa jabat 5 taun. Présidén mibanda hak véto dina législasi, hak imunitas, jeung bisa ngabubarkeun parlemén dina kaayaan katangtu. Anjeunna ogé milih perdana menteri sarta anggota kabinét dumasar kana proposal ti perdana menteri.

Parlemén Céko (Parlament) mangrupa hiji parlemén bikameral nu diwangun ti Poslanecká sněmovna nu kasusun ti 200 korsi nu masa jabatna 4 taun jeung Sénát nu kasusun ti 81 korsi nu masa jabatna 6 jeung 2 taun.

Géografi

Céko 
 Artikel utama: Géografi Céko.

Céko teu boga wates laut. Di wewengkon Bohémia, aya Walungan Elbe atawa Labe dina basa Céko jeung Walungan Vltava, dikurilingan ku pagunungan pondok. Di Sudeten, aya Gunung Sněžka (1.602 m). Bagian wétan Céko, Moravia, loba pasir jeung aya Walungan Morava sarta mangrupa cinyusu Walungan Oder atawa Odra.

Pambagian adminstratif

Céko dibagi kana tilu belas wewengkon administratif (kraje, tunggal - kraj) jeung hiji wewengkon ibu kota (hlavní město), nu ditandaan ku *.

Céko 
Peta Céko warna béda per provinsi
Daerah Ibu kota
Praha*  
Bohémia Tengah (Středočeský kraj) kantor-kantorna aya di Praha
Bohémia Kidul (Jihočeský kraj) České Budějovice
Plzeň (Plzeňský kraj) Plzeň
Karlovy Vary (Karlovarský kraj) Karlovy Vary
Usti nad Labem (Ústecký kraj) Ústí nad Labem
Liberec (Libérécký kraj) Liberec
Hradec Kralove (Královéhradecký kraj) Hradec Králové
Pardubice (Pardubický kraj) Pardubice
Olomouc (Olomoucký kraj) Olomouc
Moravia-Silesia (Moravskoslezský kraj) Ostrava
Moravia Selatan (Jihomoravský kraj) Brno
Zlin (Zlínský kraj) Zlín
Vysocina (Vysočina) Jihlava

Tempo ogé

Catetan suku

Tumbu luar

Céko    Tempo ogé Céko di Wikivoyage










Céko 

Tags:

Céko SajarahCéko PolitikCéko GéografiCéko Pambagian adminstratifCéko Tempo ogéCéko Catetan sukuCéko Tumbu luarCékoAustriaBasa CékoCs-Ceska republika Cesko.oggGambar:Cs-Ceska republika Cesko.oggJérmanNagaraPolandiaSlowakiaÉropa Tengah

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

MusikKecap sulurJayasingawarmanKarét (tuwuhan)CaplakTembang CianjuranMaskumambangTepasÉkuadorBetokJarami25 Agustus1 AgustusKatuncarMaén balKarawitanKamasanWawancaraKihkirVirusLatvia5 MaretPamohalanStasion GambirDomba GarutBulan (satelit)ParahuluGéorgiaPaparikanAhmad BakriJayadrataOray-OrayanMineralBugangTatakrama basa SundaCauJumaahBasa ArabCOVID-19ÉlmuGunungAprilRépublik Rahayat TiongkokOrbit GéosetasionérWretikandayunVaséktomiBabasan jeung paribasaMahabarataKecap rundayan (basa Sunda)SamagahaRahwanaKampung Naga835Iwan FalsJukutSajak SundaBakatulFijiNagoya, AichiPakeman basaHak ciptaCipongkor, Bandung KulonSajarah SundaKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarKi Hadjar DéwantaraRomaniaBangkongKacang panjangHajat lautHateup🡆 More