Azerbaijan

Azerbaijan (Basa Azerbaijan: Azərbaycan), resmina Républik Azerbaijan (Basa Azerbaijan: Azərbaycan Respublikası) nyaéta hiji nagara di wewengkon Kaukasus di Eurasia.

Aya dina silang Asia Kulon jeung Éropa Wétan, nagara ieu diwatesan ku Laut Kaspia di wétan, Rusia di kalér, Géorgia di kalér-kulon, Arménia di kulon, sarta Iran di kidul. Eksklave Nakhchivan diwatesan ku Arménia di kalér jeung wétan, Iran di kidul jeung kulon, kalawan wates pondok jeung Turki di kalér-kulon.

Azərbaycan Respublikası
Républik Azerbaijan
Bandéra Azerbaijan Lambang Azerbaijan
Bandéra Lambang
Lagu
Azərbaycan marşı
(Mars Azerbaijan)


Location of Azerbaijan
Location of Azerbaijan
Lokasi Azerbaijan
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Baku
40°25′N 49°50′E
Basa resmi Basa Azerbaijan
Démonim Azerbaijan
Pamaréntah Républik présidénsial
 -  Présidén Ilham Aliyev (İlham Əliyev)
 -  Perdana Mentri Ali Asadov (Əli Əsədov)
Pawangunan kanagaraan
 -  Albania Kaukasus
abad ka-4 SM 
 -  Atabeg Azerbaijan
1135 
 -  Républik Démokratik Azerbaijan
28 Méi 1918 
 -  républik Sosialis Soviét Azerbaijan
28 April 1920 
 -  Kamerdikaan
ti Uni Soviét
Didéklarasikeun
Dilengkepkeun


30 Agustus 1991
18 Oktober 1991 
Aréa
 -  Total 86600 km² (ka-113)
33436 mil² 
 -  Cai (%) 1,6%
Populasi
 -  Perkiraan  2011 9.165.000 (ka-89)
 -  Sénsus 1999 7.953.438 
 -  Kapadetan 105,8 /km² (ka-103)
274,1 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $94,318 milyar 
 -  Per kapita $10.340 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $72,189 milyar 
 -  Per kapita $7.914 
Gini? (2008) 33,7 (sedeng
HDI (2010) Azerbaijan 0,713 (luhur) (ka-67)
Mata uang Manat (AZN)
Zona wanci AZT (UTC+04)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+5)
TLD Internét .az
Kode telepon +994

Azerbaijan téh mangrupa hiji républik kahijian sékulér. Nagara ieu mangrupa salsahiji ti 6 nagara Turk merdika ogé hiji anggota aktip ti Déwan Turk sarta komunitas TÜRKSOY. Azerbaijan miboga hubungan diplomatik kalawan 158 nagara sarta mangrupa anggota dina 38 organisasi internasional. Nagara ieu mangrupa salah sahiji anggota pawangun GUAM sarta Organisasi keur Palarangan Pakarang Kimia sarta Pasamakmuran Nagara-Nagara Merdika (CIS). Dina 9 Méi 2006, Azerbaijan dipilih pikeun kaanggotaan dina Déwan Hak Asasi Manusa ku Majelis Umum Pasarikatan Bangsa-Bangsa (wayah jabatan mimiti 19 Juni 2006).

Sajarah

Azerbaijan 
 Artikel utama: Sajarah Azerbaijan.

Sajarah awal panyicing wewengkon nu ayeuna diwanoh salaku Azerbaijan nyaéta bangsa Albania Kaukasia, bangsa anu ngomong basa-basa Kaukasus anu kaluarna ti wewengkon ieu. Sajarahna mah, Azerbaijan geus ditangtayungan ku raloba bangsa, kaasup urang Pérsia, Yunani, Romawi, Arménia, Arab, Turki, Mongol, jeung Rusia.

Karajaan kahiji anu aya dina wewengkon Azerbaijan ayeuna nyaéta Mannae dina abad ka-9 SM, lumangsung nepi ka taun 616 SM basa jadi bagian ti Kakaisaran Média, anu saterasna jadi bagian ti Kakaisaran Pérsia dina taun 549 M. Kasatrapan Atropatene jeung Albania Kaukasia diwangun dina abad ka-4 SM sarta kaasup kirang leuwih wewengkon nagara kabangsaan Azerbaijan jeung bagian kidul ti Dagestan ayeuna.

Islam kasebar gancangna di Azerbaijan mimiluan futuhat dina abad ka-78. Saenggeus pamaréntahan Kakhalifahan Arab ngaleutik, sababaraha nagara semi-merdika geus kabentuk, salah sahijina téh Kasultanan Shirvanshah. Dina abad ka-11, Turki Seljuk nu nalukkeun jadi kakuatan dominan di Azerbaijan jeung neundeun dasar étnis Azerbaijan ayeuna. Dina abad ka-13-14, wewengkon ieu ditarajang ku bangsa Mongol-Tatar.

Azerbaijan téh mangrupa bagian ti Kasultanan Pérsia Safawiyah dina abad ka-1518. Ogé ngalaman waktos singket kapeupeusan bangsawan dina tetengahan abad ka-18 nepi ka mimiti abad ka-19, jeung diwangun kana kakhanan-kakhanan anu merdéka. Nyusul Perang Pérsia-Rusia antara Kasultanan Pérsia Qajar, kawas Ganja, Guba, Baku, jeung kakhanan-kakhanan merdika séjénna, jeung Kakaisaran Rusia, Azerbaijan direbut Rusia liwat Pajangjian Gulistan dina 1813, jeung Pajangjian Turkmenchay dina 1828, jeung sababaraha pajangjian nu leuwih awal antara tsar Rusia jeung para khan tepung ahir dina dasawarsa kahiji abad ka-19. Dina taun 1873, minyak ("emas hideung") dipanggihan di kota Baku, anu engkéna jadi ibu kota Azerbaijan.

Saenggeus labuhna Kakaisaran Rusia dina Perang Dunya I, Azerbaijan bareng Arménia jeung Géorgia jadi bagian ti Républik Fédérasi Démokratik Transkaukasia. Wanci républik éta bubar dina Méi 1918, Azerbaijan ngadéklarasikeun kamerdékaanna salaku Républik Démokratik Azerbaijan. RDA mangrupa nagara républik anu populasina mayoritas Muslim jeung ngan lumangsung 2 taun, ti 1918 nepi ka 1920, saméméh Tentara Beureum narajang Azerbaijan. Dina Maret 1922, Azerbaijan, bareng jeung Arménia jeung Géorgia, jadi bagian RSFS Transkaukasia (RSFST) dina Uni Soviét anu masih kénéh anyar kawangun. Dina 1936, RSFST bubar sarta Azerbaijan teras jadi républik bagian RSUS salaku RSS Azerbaijan.

Dina Perang Dunya II, Jérman Nazi narajang Uni Soviét. Tujuan utama panarajangan Operasi Édelwéiss Adolf Hitler nyaéta ngawasaan ibu kota beunghar minyak Azerbaijan, Baku. Lantaran alesan perang, pagawé minyak Soviét diwajibkeun gawé teteruesan sarta wargi nagarana ngagali parit jeung halangan antitank pikeun nyegah kamungkinan panarajangan musuh. Tapi, Operasi Édelwéiss gagal. Armada Jérman gagal dina pagunungan Kaukasus, manéhna éléh dina Patempuran Stalingrad.

Dina 1990, urang Azeri ngarumpul pikeun mrotés kakawasaan Soviét jeung ménta kamerdékaan. Démonstrasi éta dipareuman ku mimiluanna Soviét dina kajadian anu ayeuna disebat ku urang Azeri salaku Januari Hideung. Tapi dina 1991, Azerbaijan ngadéklarasikeun kamerdékaanna nalika labuhna Uni Soviét. Taun-taun awal kamerdékaanna dialihkeun ku perang ka Arménia jeung gerakan séparatis Arménia dina wewengkon Nagorno-Karabakh. Sanajan aya gencatan pakarang ti 1994, Azerbaijan heuteu ngaréngsékeun konflik jeung Arménia ngeunaan wewengkon anu kalobaannana dieusian ku urang Arménia. Saprak ahir perang, Azerbaijan heunteu boga kawasa deui dina 14% - 16% wewengkonna kaasup Nagorno-Karabakh.

Étimologi

Aya sababaraha hipotésis anu patali kana asalna ngaran "Azerbaijan". Téori nu pangumumna nyaéta éponimna, Azerbaijan dingaranan dumasar kana Atropates, satrap (gubernur) Média Iran, nu ngawasaan hiji wewengkon anu aya di Azerbaijan jeung Iran modérn anu disebut Atropatene. Dipercaya yén ngaran Atropates diturunan ti akar Basa Pérsia Kuna nu hartina "dilindungan ku seuneu".

Aya ogé anu boga pamadegan lian anu ngabéjaan yén istilah ieu nyaéta Turkifikasi tipis ti Azarbaijan, vérsi ngaran Pérsia asli anu di-Arab-keun Âzarâbâdagân, diwangun tina âzar+âbadag+ân (âzar=seuneu; âbâdag=wewengkon kokolaan; ân=rarangkén jamak); yén tradisionalna kecap éta hartina "lemah seuneu abadi" atanapi "lemah seuneu", anu meureunan ngabéjaan sacara teu langsung, kuil seuneu Zoroastrianisme di wewengkon ieu. Sababaraha sajarawan Azeri mibanda pamadegan yén ngaran éta diwangun ti 4 unsur basa Azerbaijan: az+er+bay+can, nu hartina "lemah urang Az nu wanian" atanapi "hiji patempatan anu di handapan pikeun kaom beunghar jeung ageung". Puitisna, Azerbaijan disebut ogé Odlar Yurdu ("Nagara Seuneu (Abadi)").

Babagian administratif

Azerbaijan 
Azerbaijan kabagi kana 10 wewengkon ékonomi

Azerbaijan kabagi kana 10 wewengkon ékonomi, 66 rayon (rayonlar, tunggal rayon), jeung 77 kota (şəhərlər, tunggal şəhər) nu mana 11 di antarana diparéntah langsung ku républik. Di Azerbaijan, aya ogé Républik otonom (muxtar respublika), nyaéta Nakhchivan.

    Absheron
    Aran
    Daghlig Shirvan

    Ganja-Gazakh
    Guba-Khachmaz
    Kalbajar-Lachin
    Lankaran

    Nakhchivan
    Shaki-Zaqatala
    Yukhari Garabakh

Catetan: Kota anu diparéntah langsung ku nagara dicitak miring.

Rujukan

Bacaan salajengna

  • Olukbasi, Suha. Azerbaijan: A Political History (I.B. Tauris, 2011) 292 pages; $90). Focus on post-Soviet era.

Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Azerbaijan ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Azerbaijan  Définisi kamus ti Wiktionary
Azerbaijan  Buku téks ti Wikibooks
Azerbaijan  Cutatan ti Wikiquote
Azerbaijan  Téks sumber ti Wikisource
Azerbaijan  Gambar jeung média ti Commons
Azerbaijan  Warta ti Wikinews
Azerbaijan  Sumber pangajaran ti Wikiversity
    Informasi umum
    Pamaréntahan
    Média warta
    Pelesir

Azerbaijan    Tempo ogé Azerbaijan di Wikivoyage

47°42′E / 40.3°N 47.7°E / 40.3; 47.7

Tags:

Azerbaijan SajarahAzerbaijan ÉtimologiAzerbaijan Babagian administratifAzerbaijan RujukanAzerbaijan Bacaan salajengnaAzerbaijan Tumbu kaluarAzerbaijanArméniaAsia KulonBasa AzerbaijanEksklaveEurasiaGéorgiaIranKaukasusLaut KaspiaNakhchivanRusiaTurkiÉropa Wétan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kota BandungAprilMekahDaéng Kanduruan ArdiwinataAlgoritmaCongcotKapal silemSpanyolNyi Ageng SérangDurmaBelukᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥSantiago, CiléMuhammad TohaGandrumSeniGéografiAfrika KalérPanalungtikan kuantitatifCileuhKaséhatanBasa InggrisKecap rundayan (basa Sunda)VoltasePulusProduk doméstik brutoJérmanAgum GumelarKompasMarie CurieKamarangAdolf HitlerAl KhabirUrinSistim OperasiMozilla FirefoxLingkunganMeriLambangAbdurrahman WahidAwugLG GroupAt TahrimMagmaLisénsi Dokumén Bébas GNU1799Rarangkén ba-MakauOrdo (Biologi)Oasis1945Cai16Kecap barangRomaniaGustav KirchhoffCaturangga557 SMWartaAyu Utami19 AprilBajigurSuriahAsamBeutiKecap (basa Sunda)Paguyuban PasundanCongklakWorld Trade OrganizationSeblak🡆 More