Jambu Monyét

Jambu monyét atawa jambu médé (Anacardium occidentale) nyaéta tutuwuhan nu kaasup kana suku Anacardiaceae nu asalna ti Brazil ngabogaan buah nu bisa didahar.

Jambu monyét
Jambu Monyét
Anacardium occidentale,
numutkeun Medicinal-Plants (Koehler, 1887)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiospermae
(unranked):
Eudikotil
(unranked):
Rosidae
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. occidentale
Ngaran binomial
Anacardium occidentale

Nu leuwih kawentar batan jambu médé nyaéta kacang médé, kacang mété atawa kacang ménté; biasana sikina digaringkeun sarta digoréng pikeun dijadikeun mangrupa-rupa kadaharan. Sacara botani, ieu tutuwuhan lain anggota jajambuan (Myrtacéae) jeung kacang-kacangan (Fabacéae), tapi deukeut patalina jeung bungbuahan (suku Anacardiaceae).

Ngaran lianna kayaning jambu médé (Sd.); jambu mété atawa jambu ménté (Punjul.); jambu monyét (Md.); jambu dwipa, jambu dusun, nyambu monyét (Bl.); nyambuk nyĕbét (Sas.); jambu érang, jambu monyé (Mink.); jambu dipa (Banj.); buwah monyét (Timor); buwah yaki (Manado); buwa yakis, wo yakis (north Sulawesi); buwa yaki (Ternate, Tidore); buwa jakis (Galela); jambu daré, jambu masong (Mak.); jampu sérĕng, jampu tapĕsi (Kutu.); jeung sajabana.

Dina basa inggris disebut oge jambu (tangkal), nu asalna ti kecap basa portugis pikeun ngaranan buahna, caju, nu sabenerna injeuman ti ngaran dina basa Tupi, acajú. Sedengkeun ngaran margana (Anacardium) nujul kana bentuk buahna nu kawas jantung tibalik.

Pedaran

Jambu Monyét 
Tangkal jambu nu tumuwuh di ujung jalan di Pelabuhanratu.

Tangkalna boga ukuran sedeng, jangkungna nepi ka 12 m, jeung tajukna ngarancabang, jeung warnana héjo. Pucuk tanggkalna bisa  ngaluhuran jeunng ngaheureutan atawa handap jeung rubak, gumantung kana kaayaan lingkungan.

Daun- daun ayana ditungtung dahan. Wangun daun miboga tulang, tulang daun wangunna buleud endog tibalik ka handap, lolobana, pangkal daun seukeut, melengkung ka jero, gundul, 8-22 × 5–13 cm.

Monoecious (monoesis), kembang nu miboga wanda jinis campuran, ngumpul dihiji malai rata miboga bulu lemes, lebarna 15–25 cm. kongkolak buluan, 4–5 mm. Makuta seukeut, lk 1 cm, bodas tuluy beureum, buluan. Buahna  miboga warna coklat kolot, déngdék , luhurna  lk 3 cm.

Kagunaan

Jambu Monyét 
Buah jambu nu geus asak; beureum mangrupa buah tina eta.

Ieu tutuwuhan dipelak keur diala buahna. Dipikawanoh ku balaréa salaku "buah", buah nu asak téh gedé, warnana konéng atawa beureum, nu sabenerna mah éta téh kembang (receptaculum) nu mekar dina waktuna. 

Footnotes

Tags:

AnacardiaceaeBotaniBrasilSiki

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

336LemperDaptar dékade1365361 OktoberMalaékatAbad ka-10 SMCécép Burdansyah1985TéologiRakunPapua (disambiguasi)Wawacan Endén SaribanonTaunMeriMetoklopramidJurigKihkirCaiPulo ClippertonPerjanjian LinggarjatiBandung TVBaraménManila (disambiguasi)BakoCisanggarungNTutuwuhanHuap lingkungTempuyungHujanNomer Buku Standar InternasionalSuhuPulo PaskahWawacanNyeri huntuNarkoba7 JuniGamelan DegungDornaGalengan.hr990-anJames CookPaninggaranCurukImahAverageOto Iskandar di NataNew South WalesGamelanKujangGedong SatéAdolf HitlerKaréta api Jaka TingkirUrugAlbaniaPurwakantiServerBengkongKaréta api ProgoKecap rajékan (basa Sunda)Lambang12 JuliOpat kalima pancer🡆 More